CIANJUREKSPRES – KAMARINA dina awal Romadhon tos dicaritakeun kumaha pangalaman uing poho dina mimitian bulan puasa sawatara puluh taun kalarung. Tah ayeuna deuk nyaritakeun pangalaman dulur jeung sobat uing anu cenah kungsi ngalaman siga uing, poho dina bulan puasa.
Sobat uing, ki Asep Setiadi anu ayeuna jadi salaki kapi lanceuk uing nyaritakeun, cenah manehna ge ngalaman, ti heula keur mangsa bujangan keneh, dina poe kahiji puasa, cenah hudang sare, kira-kira jam sawelas beurang, karasa tikorona garing, ari ret kana meja gigireun risbang, aya cai enteh bari dina Emuk, langsung we dileguk.
“Mani ni’mat karasana, Cai enteh bari anu semu amis tea ning De, mani langsung ledis, untung teu jeung dedek entehna ge!“ ceuk Asep, bari nyebutkeun, barang ningali dina korsi aya sarung, sajadah jeung kopeah, langsung ngagebeg, da inget yen tadi peuting Tarawehan di Masjid al-Falah!
Baca Juga:Ada Seribu Komunitas LGBT di CianjurAsal usul Nama Curug Citambur
“Tapi da yakin henteu batal, nya diteruskeun we puasa nepika maghrib,“ ceuk Asep deui mani siga anu bungah.
Ari dongeng adi uing jeung Didin, sobatna urang Sukabumi mah, kacida pisan eta mah. Harita maranehna masih keneh jadi santri di Cipasung-Tasikmalaya. Caricingna teu di Kobong, tapi di kosan, istilah harita mah, di indung-indungan.
Adi uing jeung sobatna tea, boga kabiasaan, mun isuk-isuk bareres marandi sok maroyan bari “Ngopdud“ tea!
Tah cenah dina bulan puasa harita maranehna teu marulang siga santri–santri sejenna, tapi ngajamna engke we ari deuk Lebaran.
Poe mimitian puasa harita, saperti biasana, sanggeus marandi isuk-isuk, bari maroyan, kopi anu nyerebung keneh jeung udud Jisokam teu tinggaleun.
Suruput kopi panas, terus nyerebung haseup udud keretek! Nya deuk teu ni’mat kumaha atuh, tos siram cai Sumur, teras moyan bari disarengan ku Kopi panas sareng udud jisokam!
Mangkaning di lingkungan Pasantren Cipasung! Atuh puguh we rek teu MPO kumaha, bulan puasa, isuk-isuk geus wani ngopi jeung arudud di luar imah, bari jajalaneun pisan deuih!
Tapi manusa anu dua eta mah cenah, iiiiiih, teu kireum-kireum, jarongjon we ngaropdud, malah cenah ceuk adi uing ka sobatna.