DONGENG POHO DINA BULAN PUASA KENEH

poho bulan puasa
Pixabay
0 Komentar

“Din naha nya, jelema teh, poe ieu mah mani pikasarebeleun pisan marelongna ka urang teh, mani siga ka maru pisan,“ ceuk adi uing ka sobatna.

Sobatna ukur melong bari seuri. “Sirikeun tateh ka urang, teu bisaeun menikmati hidup, kabitaeun ningali urang moyan bari ngopi jeung udud, maranehna mah teu bogaeun duit, jadi we sirik,“ ceuk sobatna bari terus ngahihih seuri.

Unggal anu ngaliwat, taya anu teu ngareret bari siga anu aneh, siga anu nga-naha-naha. Tapi santri anu dua eta mah angger we jongjong “menikmati suasana pagi nan indah dan cerah“.

Baca Juga:Ada Seribu Komunitas LGBT di CianjurAsal usul Nama Curug Citambur

Keur aranteng kitu, Ma Uti, indung-indungan maranehna, gegerewekan ti pipir tukang bari ngulang-ngulang Sapu nyere.

“Gustiiii, teu ridooooo, teu sudiiiii imah aing dipake maksiat, Naa sia teh Iyus, Didin, alahbatan kafir pisan maneh teeeeeh, batur mah paruasa, ieu mah kalah ka ting pelenyun udud bari ngaropi! Eraaaaaa aing mah boga barudak siga kitu patuuut,“ ceuk Ma Uti gegerewakan.

Adi uing jeung sobatna tea, tingraringeuh, bari terus ngibrit ka jero kamar. “Alaaaaaah siah Didiiiiiiiin, pan peuting teh, Taraweh di Tajug, da maneh kabeurangan jadi weh, teu kabagean dahar Janari,“ ceuk adi uing, si Didin sobatna tea, ukur cicirihilan, bari langsung kekemu.

“Teu batal ari poho mah atuh Yus, sok tanyakeun ka Pa Ilyas,“ ceuk si Didin mani yakin pisan.

“Lain sual batal jeung henteuna aingah, wirangnaaaaaa,“ ceuk adi uing, bari sarua kekemu.

Tah kitu para wargi sadaya, dongeng poho dina bulan puasa. Aya keneh dongengkeuneun anu siga kitu teh, mun kangge hanca kapayun we nya.

Wilujeng ibadah Shaum. Urang sadaya kalebet kana golongan jalmi-jalmi anu Taqwa ka Allah Subhanahu Wa Ta’ala. Aamiin Yaa Robbal ‘aalamiin! Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.***

0 Komentar