PAGETO TEH GEUS TAUN 2023

maleman taun baru
0 Komentar

Ku : H.Dede Asy’arie

PAGETO teh geus nincak taun anyar meureun nya, taun 2023 tea? Enyaan teu karasa pisan nerelekna waktu. Apal-apal ge deuk ganti deui Almenak. Geus rame barudak di lembur mah, deuk nyanghareupan ‘Maleman Taun Baru‘ cenah.

Sakapeung uing sok mikiran, na ti mimiti iraha di Cianjur, utamana pikeunbarudak ngorana, aya kabiasaan ngareuah-reuah maleman taun baru? Sainget uing, nepika ahir taun 1960an, pituin urang Cianjur TEU WAWUHEUN kana anu disebut Malem Taun Baru.

Maleman Taun Baru euweuh bedana jeung maleman anu sejenna. Taun 60-an nepika taun 70-an, mun nyanghareupan malem taun baru, paling-paling nu didagoan acara dina TVRI. Sok loba hiburan, malah sok aya pilem khusus.

Baca Juga:Al-Jabbar Spirit 27 Kabupaten/Kota Jawa Barat, Ridwan Kamil: Makmurkan MasjidKebanyakan Arab Saudi, 12 WNA Dipulangkan dari Cianjur

Tara aya acara bagadang bari nyeungeut pepetasan jeung kembang api, komo deui acara di hotel bari hahaleuangan atawa jararoged. Maranco we hareupeun tipi, lalajo acara anu aya dina TVRI. Lain ngan ukur taun baruan malah anu disebut acara ulang taun oge, asa can kungsi baheula mah.

Taun 70-an, uing kungsi diajakan ku ‘kabogoh‘ uing di Bandung, ngahadiran ondangan acara ulang taun babaturanana. Saumur nyunyuhun hulu, kakarek harita ngahadiran acara ulang taun.

Mimitina mah, acarana ngeunaheun, da aya acara biantara ti bapana, terus ngadoa keur anu ulang taun. Dina palebah acara niup lilin bari nyanyi lagu ‘Happy birthday’ uing palanga-polongo da puguh can apal lilingeran tea, pan biasana ge koboy Warujajar mah apalna kana Marhaba jeung berekat.

Ari sugan uing harita, sanggeus acara ngadoa terus parasmanan, acara rengse bari terus bubar, ari heg geuning kalahka nyetel lagu ‘brang-breng-brong’ bari lampu anu caang diganti ku lampu reyem-reyem. Hate geus mimiti seber, komo deui waktu lagu diganti ku irama selow, bari ‘ak hogeb‘ ngajak ‘Ibing tangkeup‘, mani langsung tingsariak, hate can merean, malah mun kongang mah hayang balik tiheula!

Tah eta dongeng ngeunaan ulang taun. Terus ngalaman ngahadiran acara nyambut taun baru, ngan sakali-kalina eta oge, diajak ku paman, almarhum Aang Zenal (Zaenal Asy’arie) jeung ku almarhum pa Semeru dina taun 80-an.

0 Komentar