BAHEULA, KAMARI SARUA ASA CIKENEH

maleman taun baru
0 Komentar

Ku : H.Dede Asy’arie

BAHEULA. Geus lila kajadianana mah. Duka sawatara bulan ka tukang. Ngan anu puguh harita uing keur niis di tepas tukang bari ningaikeun anu keur maraban lauk di balong tukangeun imah.

Harita uing pangangguran mukaan Pesbuk tina Hape. Ari breh katingali aya ngaran sobat uing keur budak. Yakin eta sobat uing teh da puguh katingali dina foto profilna. Yakin eta sobat uing keur budak. Batur sabangku sakola di SD Lembur Tengah IV.

Ku uing statusna dikomen. Teu lila murudul balesan ti manehna. Anu dicaritakeun taya lian iwal panineungan mangsa lawas. Mangsa keur abring-abringan di SD Lembur Tengah. Mangsa keur alencer keneh otakna teu mintul jeung loba poho siga ayeuna.

Baca Juga:Reruntuhan Bangunan Mulai DibersihkanBARUDAK PUPUJIAN DI MASJID

Teu pupuguh, jol kabawa palid ka alam panineungan, mangsa baheula keur budak keneh. Mani asa natrat katingali, uing sabalad-balad keur tingalabring mapay-mapay galengan sawah anu kagaringan. Ti imah ukur mekel cai gula asem dina botol leutik, minangka keur tamba haus jeung lapar jeung kaleng urut susu kental atawa anu sejenna keur wadah jangkrik.

Tara mawa bekel duit jaman harita mah, can pati usum. Paling ge mawa uyah atawa gula beureum. Ke di mana panggih jeung tangkal manggah, sok neangan anu masih keneh ngora. Tuluy dicaletrokan bari dicocolkeun kana uyah bawa ti imah tea.

Tangkal manggahna mah duka anu saha. Da ilahar harita mah mun manggih tangkal manggah di tengah sawah ari ngala hiji atawa dua mah, ku anu bogana ge tara digareuwahkeun. Ari anu jadi tujuan arulin mapay-mapay galengan sawah, taya lian iwal ti deuk ngala jangkrik.

Resep pisan mun ngadu jangkrik teh. Komo mun jangkrik kalung anu hideung poletna warna koneng dina pundukna tea.

Jaman harita mah bororaah inget kana haram-halal, padu ngeunah we nu aya. Mun seug kaparengan hanaang heg manggih kebon bonteng, cukup ngagorowok we. “Maaaang ngaraosan bonteng nya tambi hana-aaaaang…..!“ bari terus neangan bonteng ngora. Tara loba paling ge dua atawa tilu, bari jeung tara dikumbah ieuh cukup dielap ku baju we! Mun lain kebon Bonteng Kebon Tomat atawa Sampeu.

0 Komentar