BARUDAK PUPUJIAN DI MASJID

Unggal Sore Tingalabring Ngadon Mandi di Pancuran.

Ku : H.Dede Asy’arie

KAMARI mah, mani aranteng bapa-bapa di pipir Warung Mang Ali. Galuntreng sagala dicaritakeun bari maroyan isuk-isuk jeung ngopi. Bari lalawuhna kari ngarongkong tina dagangan anu ngajagrag na meja Warung kayaning bala-bala, pisang goreng, goreng ulen jeung sajabana.

Duka saha anu ngamimitian, carita  jadi kana sual pangalaman maranehna jaman keur budak. “Nu ngaran barudak jaman harita,” cenah ceuk kang Ijan muka carita.

Mun geus kaciri sareupna, jauh keneh ka waktu sholat Maghrib oge, geus ngaberes di masigit atawa tajug bari parupujian, naha sholawatan atawa maracakeun sifat 20, nyaeta sifat-sifat Gusti Alloh nu wajib dikanyahokeun tea. Komo cenah mun dina malem Jumaah mah, tara aya barudak nu ngulampreng di jalan.

”Kabeh barudak rempeg araya di masjid ti memeh Maghrib, parupujian, sholawatan, terus ngaraji Surah Yasin nu mingpinna ajengan atawa guru ngaji. Di unggal imah kadenge ibu-ibu atawa barudak istri nu ngaraji, aya nu ngaji Yasin, aya nu maca surah Waqi’ah atawa Tabarok,atawa aya oge nu keur pupujian macakeun syair Abu Nawas nu kawentar tea, nyaeta maca Ilahilas (ilahi lastu lil Firdausi ahla jst).”

Saur muballeg, mani pajauh pisan cenah jeung jaman ayeuna. Barudak geus jarauh pisan tina kahirupan masigit. Beurang tingalabring momotoran, sore can baralik ka imah, waktuna sholat maghrib masih cerindekul hareupeun layar monitor di unggal warnet!

“Di masigit ukur aya kolot jeung aki-aki, bari sajajar ge teu jejeg kabeh.“ Di unggal imah lain kadenge nu ngaraji atawa nu sholawatan atawa pupujian, nu kadenge ukur sora wirahma dangdutan atawa lagu-lagu disko.

Nu baroga imah, mun teu keur gogolehean bari ngadengekeun lalaguan, pasti keur nyenyekel remot tipi. Mindah-mindah saluran tipi neangan acara karesep. “Ceuli jeung matana leuwih resepeun pake nempo jeung ngadengekeun artis nu karawin, artis nu parasea atawa nu gunta-ganti salaki atawa pamajikan tibatan dipake maca Alquran atawa ngadengekeun pangajian di masigitm“ cenah kasauran Muballeg mani tandes pisan.

Mani asa kasindiran palebah dinya mah, da ngarasa osok siga kitu najan tara unggal poe oge , ngan bedana meureun palebah nu dilalajoanana, uing mah sok kalalanjoan teh mun lalajo mengbal. Da ari kana infotainment mah paling teu resep! Tah palebah barudak baheula nu sok pupujian memeh Maghrib, jadi ras inget ka mangsa nu geus lawas, mangsa uing keur budak keneh.

Enya, kitu pisan nu kaalaman ku uing ge. Unggal sore geus ngalabring jeung adi atawa lanceuk misan, ngadon mandi di pancuran. Da teu resep mandi di imah tea. Teu resep mandi najan cai ledeng. Teu resep mandi disiukan, resep keneh nyurug di pancuran nu caina ngageledeg!

Memeh Maghrib geus diabringkeun ka masigit, geus beres dariuk bari pupujian di masjid ngadagoan bedug ditakol ku merebot. “Wujud Qidam Baqo, Mukholafatul lilhawadisi, Qiyamuhu binafsihi, Wahdaniat, Qudrot Irodaaat. Elmu, Hayat Samaa, Bashor Kalam, Qodiron Muridan. Aaliman Hayyan Samian Bashiron Mutakallimaan!“ kitu jeung kitu we nepika dur bedug Maghrib.

Beres berjamaah Sholat Maghrib, barudak pindah ka beulah wetan, rohangan khusus paranti ngaraji barudak. Ngaji Alquran jaman harita geus jadi kawajiban keur barudak saumuran uing, nu saluhureun mah geus kana Quran gede. Sawatara uing mah jeung nu saumuran masih keneh dina ‘Tuturutan’ istilah harita keur Juz ‘Amma. Masih keneh ngahejah, Alif fathah Aa, Alif Kasroh Ii, Alif dlommah Uu, Alif Fathahten Aan, Alif Kasrohten Iin, Alif dlommahten Uun! Jeung saterusna.

Uing jeung babaturan nu saumuran mah, ngajina ti beres sholat Maghrib nepika waktu sholat Isya. Sedengkeun nu geus galede mah ti Isya nepika beres. Geus nincak rada baleg, geus ngaji kana Quran gede. Beres ngaji teh, tara marulang ka imah, tapi sok dialajar silat di pipir masigit, nepika peuting tuluy saberesna sok terus hares di masigit. Diamparan samak mendong nu digulung. Tah minangka bantalna nyaeta samak nu digulungkeun tea. Ngahaja tara baralik ka imah, lantaran ambeh teu kabeurangan sholat Subuh.

Sok waas na teh, mun masih keneh kohkol mah nu ditakol, tara ieuh waka digareuingkeun ku aki nu sok pangrajinna jeung pangheulana ka masigit, engke we mun geus waktuna nakol bedug Subuh, kakarek kabeh nu hares di masigit digareuingkeun.

Marandi di pancuran, bari teu make sabun mandi (sabun seungit harita mah nyarebutna ge), terus ngilu berjamaah sholat Subuh diteruskeun ku ngaji Safinah, Jurumiyah jeung Tijan. Beurangna kakarek sarakola umum. Nu ka SD atawa nu ka SMP. Balik sakola umum ge tara bisa ulin bebas da masih keneh kudu sakola agama ka Al-I’Anah, balikna sore kira –kira tabuh limaan.

Kitu jeung kitu we unggal poe teh. Pupujian di masjid. Matak bororaah bisa ulin siga barudak ayeuna. Komo deui harita mah da can usum warnet. Paling alus oge ulin teh ngadon lalajo tingalabring, kitu ge, mun poe Minggu atawa poe pere. Lalajona nu beurang, biasana nu jam sapuluh isuk. Nyaeta waas pisan atuh! Ngetik ge bari nyalangkrung ieu teh! Geus heula we ah nya carita baheula sok pupujian di masjid! Insya Alloh disambung deui. Wallohu’alam bissowab. Wassalam.(*)

 

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *