BEULEUM LAUK KANCRA

Ku : H.Dede Asy’arie

SIGA poe kamari we ayeuna ge,rek reureuh heula tina nulis sual ‘Musibah Lini badag Cianjur‘, hayang refreshing heula ku dongeng anu teu matak ketir kana hate. Loba pisan tumplekkeun dina tulisan sual kajadian musibah lini badag di Cianjur teh sabenerna mah, ngan duka kumaha, unggal deuk nulis sok asa wae nu ngahalangan.

Duka kumaha jadi loba kasieun ari geus kolot mah nya deuk tulas-tulis teh? Antukna mah, gular-goler teu puguh, hareupeun tipi bari ngope hape anu anyar hurung deui sanggeus leuwih ti sapuluh poe ngadat teu daek hurung.

Katingali dina tipi keur muter acara karesep, nyaeta acara kuliner. Uing mani kumetap ningali anu daang jeung beuleum lauk dicoelkeun kana sambel cikur.

BACA JUGA: NGUNGSI JAMAN KIWARI

Geus lawas kacida, uing tara ngasaan deui daang jeung Beuleum Lauk. Minangka panganyarna uing daang jeung beuleum Lauk teh. Meureun tiheula sawatara taun kaliwat, basa ngahaja jangjian jeung sobat dalit uing keur di Ciamis, juragan Asep Abdul Kalam, wartawan senior ti Kantor Berita Antara.

Harita kabeneran aya milik, diajakan uubar ka Haji Oyon di Cigembor–Ciamis ku budak panggedena. Haji Oyon teh kajojo tukang urut anu cenah rada ‘Jajim‘ kana ngubaran syaraf kajepit.

BACA JUGA: PEUTEUY, NAJAN BAU ANGGER PEDO

 

Matak atoh kacida pas budak ngajak teh, minangka ‘napak tilas’ waktu uing keur tugas di Ciamis. Balik ti haji Oyon uing hayang nyimpang heula ka warung nasi Ikan Bakar Cigembor anu ayeuna mah nelahna Warung Haji Imi.

Alhamdulillah. Beres terapi ku haji Oyon bisa jangjian jeung ki sobat di warung nasi Haji Imi Cigembor. Geur robah kaayaan warungna oge ayeuna mah, geus leuwih lega batan tiheula waktu uing mimiti nincak eta Warung.

Ngan anu masih angger keneh teh nyaeta ‘Menu’ asakan nu aya, angger can robah. Beuleum lauk, horeng lauk, pais lauk, goreng atawa beuleum hayam kampung jeung nu lianna. Bari anu masih satia tara tinggaleun nyaeta peuteuy beleum, kulub atawa goreng jeung atahna.

BACA JUGA: SANGU HIDEUNG KANG DAGUY

Salila dahar di Cigembor uing jol nyerengeh sorangan, ras inget kajadian puluhan taun ka tukang waktu anyaran tugas di Priangan timur. Kabeneran kabagean nganteur rombongan ti Kandepag Cianjur anu keur Studi banding ka Tasik jeung Ciamis.

Harita jamuan  makan siang teh di Cigembor. Waktu keur mesen lauk uing nanya ka pagawe  aya lauk naon wae? Ceuk eta pagawe aya Gurame, mujaer jeung Kancra! Ngadenge kecap Kancra jol kacipta lauk anu badag siga beunteur anu aya lolobana di walungan, anu saumur oge can kungsi ngasaan siga kumaha rasana lauk kancra, atuh langsung we uing pesen kancra anu memeh dibeuleum hayang digoreng heula saleor.

Caritana mah, pesenan kabeh geus ngajagrag, harita rombongan sesepuhna kersana KH Abdul Qodir Rozy. Waktu dek taruang, mama naros “Hayoh atuh jang De, lain geura marakan,“ saur Mama anu harita uing keur uplek jeung sobat oge babaturan kuliah di IAIN Pacet, almarhum Amin PD.

“Sakedap deui Mama, abdi ngantosan pesenan abdi,“ cekeng bari ningali ka panto dapur. Anehna pagawe teh kalahka anteng we ngalobrol jeung babaturanana.

“Na pesen lauk naon kitu jang De?“ saur Mama deui. “Lauk Kancra mama,“ cekeng bari lengo deui ka panto dapur.

“Uluh geuning aya Kancra nya?“ saur Mama. Uing ukur unggeuk ari terus ngagupayan pagawe anu keur aruplek jeung baturna.

Sanggeus padu hareupan si pagawe uing nanya “Mana geuning pesenan abdi can aya keneh,“ ceuk uing. Eta pagawe siga anu reuwaseun. ”Dupi bapa pesen lauk naon kitu,“ cenah bari nitenan idangan anu geus ngabarak luhuerun meja.

“Pan tadi pesen Lauk Kancra“ cekeng rada bedas nyarita teh perbawa lapar sigana mah. Si pagawe ningali kana piring hareupeun uing, terus nyarita. “Muhun eta payuneun bapa lauk kancra pesenan tea, digoreng heula saleor teras dibeuleum,“ cenah bari nuduhkeun kana piring haruepun uing.

“Atuh eta mah lauk Emas euy,“ cekeng rada keuheul asa ngaheureuyan. “Pan muhun pa urang dieu mah nyarebat lauk emas teh, Kancra,“ cenah bari siga nahan seuri.

Duh, duka siga kumaha tah erana uing, mangkaning payuneun Guru pisan. “Sok we lah jang De, api-api lauk kancra enyaan we,“ saur Mama bari gumujeng. Sakitu heula we nya. Enjing atanapi pageto urang lajeng deui. Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.(*)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *