PEUTEUY, NAJAN BAU ANGGER PEDO

maleman taun baru
0 Komentar

Ku : H.Dede Asy’arie

Poe kamari, pas pisan deuk nulis carita keur poe ieu, karasa deui taneuh oyag ku lini anu rada lumayan. Sanajan enya ge teu lila, tapi angger we matak pikahariwangeun.

Indung budak nu keur ngasuh incu di luar imah, langsung sepa! Gedena lini kamari isuk, cenah 3,4 Magnitude. Jarakna 12 kilometer ti Ciranjang ka beulah ngidul-ngulon.

Tapi, poe ieu mah deuk eureunan heula ah nyaritakeun sual perlinian di Cianjur teh, bisi baroseneun nu maca. Deuk ngadongeng kadaangan we, sugan jadi tambah ni’mat kana daang, hehehehe!

Baca Juga:SANGU HIDEUNG KANG DAGUYRatusan Bangunan Sekolah Rusak Berat Akibat Gempa, Sekolah Libur Sepekan

Tah poe ieu mah uing deuk nyaritakeun hiji kadaangan anu sigana loba pisan anu mikaresep najan enya oge mun ningali kana jihad perbauan mah, kacida bauna!

Enya ari bauna mah, sarerea ge geus apal, komo pami`tos aya nu nuang teras we kahampangan, pasti we kedah manjur nganggo karbol ambeh teu mabek ‘seungit’ Peuteuy!

Tapi da ampir sarera anu resep mah, nyaritakeun ni’mat kacida mun daang karo peuteuy teh. Tah keur poe ieu mah, uing deuk ngadongeng sual perpeuteuyan.

Sawatara minggu ka tukang, uing ngahaja ka Warujajar, ka kios Kang Daguy, deuk mumuluk, sugan kabagean keneh kejo hideung, atawa kejo beureum.

Alhamdulillah sanajan kari saeutik deui oge, kabagean keneh kejo beureum sauingeun mah. Saterusna mah uing milihan keur deungeun kejona nu aya dina dadasar.

Di antara dadasar idangan anu nalembrak, katingali aya tuum peda make peuteuy mani barolotot. “Hayang peuteuyna wungkul, kaci teu?“ ceuk uing bari leungeun mah geus nyiukan peuteuy ku sendok.

“Atuh mangga kang haji,“ ceuk Kang Daguy bari nyimpen gelas eusina cai enteh panas dina luhureun meja tempat uing diuk.

Baca Juga:Gempa Cianjur, Jaringan Listrik Lumpuh, Bangunan Banyak yang AmbrukDi Waduk Jangari Cianjur Ada 10 Spot Mancing Favorit

Enyaan geuning. Mumuluk isuk-isuk ku kejo beureum oge, ari jeung peuteuy mah. Tah ti harita, jadi kabiasaan, mun isuk-isuk teh, geus ngabret ka Warujajar muru kios Kang Daguy. Da sieun kabeakeun peuteuy anu dina Tuum Peda tea.

Indung barudak, mireungeuh uing boga kabisaan kitu, langsung protes. “Ulah sering teuing nuang peuteuy atuh, pan eta Asam urat bilih karaos deui,“ cenah manghariwangkeun meureun.

0 Komentar