PEUTEUY, NAJAN BAU ANGGER PEDO

maleman taun baru
0 Komentar

Uing rada ngahuleung, na enya kitu, peuteuy aya pangaruhna kana asam urat, da sakanyaho uing mah, tiheula ngabandungan dahuan, sok ngahaja unggal daang make peuteuy cenah alus kana hipertensi jeung ngurangan Gula darah.

“Sumuhun juragan, ari kana hipertensi mah sae, tapi pan saur dina buku oge, peuteuy teh ngandung purin anu ageung, sanes teu kenging nuang anu ngandung purin teh?“ walon indung barudak.

Uing rada reuwas oge. Mangkaning geus opat poe noron sok ngahagalkeun daang teh sok jeung peuteuy. Naha dibeuleum atawa dikulub, da ceuk rarasaan uing mah asa bakal pialuseun ka awak uing. Ari pek ceuk indung barudak mah, kitu ning, bisa ngahudang panyakit Asam urat, mangkaning uing sok katarajang anu disebut Asam urat teh.

Baca Juga:SANGU HIDEUNG KANG DAGUYRatusan Bangunan Sekolah Rusak Berat Akibat Gempa, Sekolah Libur Sepekan

“Asal ulah kaseringan sareng seueur teuing we, teu sawios,“ ceuk alo indung barudak anu jadi Perawat di hiji pausahaan asing.

Alo uing ge nyebutkeun cenah aya sababaraha mangfaat tina peuteuy teh. Ceuk manehna keneh peuteuy anu dina basa latin disebut Parkia speciosa, salah sahiji sayuran anu sok dijieun obat Herbal utamana di wewengkon Asia.

Peuteuy anu boga ciri bau anu khas, cenah salianti bisa nambahan nafsu dahar oge bisa dipake keur ngontrol gula darah lantaran cenah dipercaya ngandung zat kimia anu disebut Betasitosterol & Stigmasterol anu bisa ngajaga gula darah sangkan teu naek.

Ceuk alo indung barudak keneh, peuteuy oge bisa ngajaga kasehatan jantung, nyehatkeun saluran pencernaan, ngalawan radikal bebas, jeung nyinglarkeun stress.

“Ke urang ngahaja ngabahas manfaat peuteuy nya. Ayeuna mah, abdi bade tugas heula,“ ceuk alo indung barudak bari imut.

Di dapur masih keneh ngagantung peuteuy sapuluh papan , da kamari ngahaja meuli ti Pasar Bojong meron keur deungeun ngaliwet di imah adi di Ciwaru Maleber. Wallohu’alam bishowab. Wassalam.(***)

0 Komentar