SANGU HIDEUNG KANG DAGUY

maleman taun baru
0 Komentar

Ku : H.Dede Asy’arie

POE kamari mah asa kacida. Sakitu subuh-subuh geus dieusian ku goreng bala-bala jeung comhu, minangka batur ngopi. Jam satengah salapan isuk, ieu sakadang beuteung geus nagih deui menta eusi.

Sababaraha ‘opsi’ tingkolebat, naha mending di Barba, mumuluk Wuduk Mang Sanip. Kacipta goreng comhuna anu panas atawa wuduk jeung maranggi wetaneun Mang Sanip? Ngan aya keneh moal nya wayah kieu? Da liwat jam salapan isuk ge di Mang Sanip mah sok geus peperen. Kitu deui mun ka Warujajar, ka Mang Haji Lili sigana geus moal kabagean Wuduk wayah kieu mah.

Deuk nyobaan we ka Solokpandan, biasana sok kabagaean keneh sabungkus mah. “Ka kang Daguy we, mumuluk ku sangu hideung deui. Pan ku sangu hideung mah, tipayun oge eta lambut teu ageung kitu,“ ceuk indung barudak mere kamandang bari ningali kana beuteung uing nu mimiti meral deui.

Baca Juga:Ratusan Bangunan Sekolah Rusak Berat Akibat Gempa, Sekolah Libur SepekanGempa Cianjur, Jaringan Listrik Lumpuh, Bangunan Banyak yang Ambruk

Enya, tiheula kungsi ngahaja ‘puasa’ sangu bodas salila tilu bulan. Unggal dahar ku sangu hideung, alhamdulillah beuteung kempleng jeung kiloan awak ngurangan! Ngan nyakitu tea, sangu hideung mah teu pati mirasa daripada sangu bodas mah.

Sangu bodas mah apan jaba pulen teh karasa amisna sawatara sangu hideung mah ampir hambar taya rasaan. Batalna puasa sangu bodas teh, alatana mah teu pira, indung budak ngajak ngariung ngaliwet di imah lanceuk di gang Dukuh.

Harita ge sabil, naha mending miluan atawa entong? Ari teu miluan ngariung sok sieun teu ngahargaan pribumi jeung deui harita memang geus waktuna ngawadang, da beuteung ge geus ngegembrung lagu koroncongan.

Aya dua rupa kejo harita teh, aya sangu akeul jeung sangu liwet. Harita uing milih sangu akeul teu milih sangu Liwet, da geus “sono” tea kana sangu bodas beunang ngakeul.

Loba deungeun sanguna harita oge, aya goreng tahu, goreng tempe, tumis kangkung, dadar endog, kurupuk warung malah goreng lauk asin mah mani aya japuh, peda beureum, selar jeung teri make suuk (Sukri).

0 Komentar