BAHEULA, KAMARI SARUA ASA CIKENEH

maleman taun baru
0 Komentar

Ti keur budak keneh pangaresep kana ngadahar tomat seger. Lain anu beureum tandana geus asak pisan, tapi anu karek mangkak, anu aya hejoan keneh! Ngala Jangkrik geus jadi kaulinan matuh mun keur usum Ngadu Jangkrik. Biasana sok ka beulah wetaneun Warung Jambe, di pelebah Ebeg biasana anu sok loba jangkrik teh. Pang atohna mun manggihan urut pelak kebon tomat, da biasana sok loba jangkrikan mah.

Duuuh waas baheula mah. Kacipta keneh kumaha bungahna mun geus nyungkal taneuh garing heg katingali loba Jangkrik laluncatan. Komo deui mun seug jangkrikna teh jangkrik kalung, weuuuuh, mani tarik pisan ngajorowokna ge. “Jangkrik Kaluuung euy! Cakina deuih!“ tara karasa tateh nyaho-nyaho geus waktuna solat Lohor!

Minangka keur parab jangkrik, sok ngala gelang atawa tolod. Mun panggih jeung susukan badag, langsung cucul-culul, tingarajleng ka cai, ngubek atawa kokojayan, bari teu make cangcut-cangcut acan alias sitaranjang. Pangmindengna mah mun balik ngala Jangrik teh sok ngahaja ka Empang Si Laut di Lembur Tengah anu ayeuna mah geus jadi Sakola BPK Penabur.

Baca Juga:Reruntuhan Bangunan Mulai DibersihkanBARUDAK PUPUJIAN DI MASJID

Kalakuan kitu soteh mun seug dina poe pere sakola, da ari poe sakola mah balik sakola negri teh, beurangna kudu ka Al-I’anah sakola agama nepika sore! Ya Allaaaah, mani asa kamari sakabeh kalakuan tadi teh, teu karasa waktu nyerelek, horeng geuning geus reuay incu uing teh ayeuna mah! Ngan asa can manggihan kalakuan uing siga kitu kaalaman ku anak jeung incu uing. Da geuning ayeuna mah, mani araranteng kana hape android Heup heula we ah. Asa sararedih mun kongang mah asa hayang jadi budak deui. Ambeh bisa ulin bari ngala Jangkrik jeung ngubek atawa kokojayan deui di Empang atawa di Wahangan! Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.(*)

0 Komentar