PAGETO TEH GEUS TAUN 2023

maleman taun baru
0 Komentar

Tempatna harita di Hotel Bukit Indah di Puncak, diondang ku Om Blesz cenah mah. Om Blesz teh mun teu salah mah bapana Tamara Belszynski, anu harita langsung ngabageakeun di lawang Hotel.

Resep mimitina mah, da aya Band. Nu ngahaleuangna, giliran, kaasup almarhum Aang Zenal jeung pa Semeru. Rek teu resep kumaha pan uing mah ti bubudak ge paling resep lalajo orkes atawa band. Jaba kadaharan ngaleuya kari milih anu dipikaresep. Nepika deukeut ka jam 24.00 mah, karasa keneh ngeunaheunana acara nyambut taun baruan teh, ngan palebah geus nepika jam 24.00, uing hareugeu-eun da karek apal tea, kabeh sarurak bari nariup tarompet keretas, terus nyaranyi lagu ‘Aude lang syne’, (uing jadi inget jaman keur di Mapram, harita kungsi kudu ngapalkeun lagu Aude lang syne keur engke dina acara penutupan Mapram).

Beres ngalagu Aude lang syne anu haladir sarasalaman bari ‘Cipika –cipiki‘ tea ning! Sumpahna ge, daek beunghar kabeh urang Cianjur, asa teu pararuguh rarasan harita mah, saumur dumelah, karek apal geuning kitu acara nyambut taun baru teh!

Baca Juga:Al-Jabbar Spirit 27 Kabupaten/Kota Jawa Barat, Ridwan Kamil: Makmurkan MasjidKebanyakan Arab Saudi, 12 WNA Dipulangkan dari Cianjur

Acara diteruskeun ku hiburan, ngan hate geus teu siga tadi memeh jam 24.00. Hate marojengja, hayang geura kaluar ti eta lingkungan. Jam 01.00 (geus tanggal hiji Januari taun anyar meureun nya?) uing ngaharewos ka anu jadi paman ngajak balik. “Jig bae ari bisa kaluar mah, pan mobilna ge moal bisa kaluar da kahalangan ku mobil sejen,“ ceuk almarhum kapi paman harita.

Nya antukna mah, uing dititah ka kamar anu geus disadiakeun ku Om Blesz. Harita keneh langsung ngibrit ka kamar, dug sek nepika isuk, teu apal kumaha acara saterusna.

Tina pangalaman harita, unggal diajakan deui kana acara nyambut taun baru, uing sok neangan alesan sangkan teu milu, lain nanaon, ngeunah keneh nyempod di enggon bari diharudum simbut batan kudu milu kana acara taun baruan mah.

Tah kitu, jadi uing mah produk taun 60-an anu ti baheula oge teu wawuh jeung acara nyambut taun baru. Bae deuk disebut ‘Kuper‘ oge. Sok lah, kalahka kumaha oge, ngeunah keneh ngahekok di enggon diharudum simbut kandel batan kudu bagadang ngadagoan ganti taun mah! Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.(*)

0 Komentar