BUBUR HAYAM ASLI CIANJUR

Ku : H.Dede Asy’arie

Poe Ahad kamari, rebun-rebun keneh geus disalampeur ku barudak, hayang bubur hayam anu di Barba cenah. Enyaan geuning, barudak teh mani sarumanget ngadahar buburna. Kocap incu nu lalaki mah, pesen deui satengah porsi.

“Nurun ti akina,” ceuk gerentes hate. Bari jol kacipta jaman uing keur budak, kira-kira taun 60-an, waktu harita kolot uing nganjrekna di Rancabali wetan.

BACA JUGA: BAHEULA, KAMARI SARUA ASA CIKENEH

Waktu harita, sok matuh ngabubur teh di Mang Aja, asa mang Jaja kitu poho deui ngaranna mah, ngan mangkalna sok di palebah pengkolan jalan Kompa, peuntaseun toko Es Asia. Harita mah anu ayeuna aya Toko Gordeng.

Enya, karesep kana Bubur hayam teh memangna ge ti keur budak keneh. Inget keneh da mun pesen ‘porsi spesial teh, nyaeta make keureutan goreng kentang jeung Tahu Sumedang haregana ukur Saringgit atawa Dua satengah Rupiah. Daging hayamna oge harita mah kabeh ku hayam kampung da can aya hayam nagri siga ayeuna harita mah.

Di Cianjur mah, ti baheula keneh ge, ciri khasna nyaeta make pais bawang daun jeung sok make dipurulukan ku saledri beunang nyiksikan. Malah ti heula pisan mah, sok make pais jeroan hayam sagala, dibungkusan laleutik ku daun Cau.

BACA JUGA: BEULEUM LAUK KANCRA

Can loba harita mah nu dagangna oge, di Warujajar anu masih keneh inget nyaeta Mang Jajang di Perkoneng, Ma Wati di Warujajar tengah jeung Ceu Itoh di Pengkolan Bojongmeron.

Kamarina, basa keur nyaba ka Tasik, isuk-isuk geus sasarao ku Bubur hayam. Buburna mah sarua, da anu disebut Bubur hayam teh, nu puguh mah lain hayam dibubur tapi, beas anu dibuburkeun dipurulukan ku suiran daging hayam. Ngan anu ngabedakeun teh, nyaeta dina ‘purulukna‘.

Di Tasik mah make cakue anu disiksikan laleutik, jeung puruluk Tongcay. Jeung deui lain ku daun saledri tapi make puruluk Daun bawang. Kurupukna tara dirames-rames tuluy kana buburkeun siga di Cianjur, tapi dipisahkeun dina wadah sejen. Kecapna, salian kecap asin, oge sok make kecap amis.
Anu ngaran Tukang Bubur hayam di Cianjur, moal hese neangan, da ampir sapaparat jalan anu aya di Cianjur, sok aya wae anu dagang Bubur hayam.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *