BUBUR HAYAM ASLI CIANJUR

“Sigana mun urang pangangguran ngitung aya sabaraha urang anu dagang Bubur hayam di Cianjur, naha anu dagang isuk-isuk, anu beurang oge anu peuting, aya ratusna nya?“ ceuk Asep Ruslih dina hiji waktu waktu keur nungguan raat hujan di kantor PWI.

“Matak di urang nepika nyieun patung Bubur Hayam di wewengkon Pacet oge, meureun hayang netelakeun ka balarea, utamana ka urang luar Cianjur, yen Cianjur mah loba pisan anu resep kana Bubur hayam, matak loba oge anu daragang Bubur hayam,“ Man Suparman mairan.

Matak teu aneh teu sing, cenah ceuk Man Suparman keneh, loba pisan anu daragang sapaparat jalan boh jalur ka Puncak oge jalur anu ka Bandung, tukang Bubur hayam anu dina spanduk daganganana make kecap Bubur Ayam asli Cianjur. Ngan nyaeta atuh, loba anu make spanduk Bubur Ayam asli Cianjur tapi ari dina kanyataanana mah Bubur hayam sakaijreng beda pisan jeung Bubur hayam asli Cianjur.

Mun ditalungtik, anu ngaran asli Cianjur, bisa katangen tina bahan-bahan salian ti buburna. Kahiji tina Kurupukna anu digunakeun biasana Kurupuk Aci anu warna Koneng jeung hejo atawa beureum, tuluy Kecap anu dipakena pasti kecap asin, malah merkna oge sok sarua nyaeta kecap asin kaluaran pabrik anu aya di Sukabumi (moal disebutkeun merkna bisi pajarkeun iklan).

Bungbuna sok aya petsin jeung pedes bubuk, ditambah ku pais jeroan anu ayeuna mah diganti ku pais bawang daun, purulukna salian ti goreng bawang beureum oge sok aya daun saledri anu meunang nyacag, geus puguh ari goreng ati jeung Ampela hayam mah.

Karesep kana jenis buburna oge beda-beda, aya anu resep kana bubur anu encer, aya anu resep buburna teu encer oge teu kentel, tapi aya oge anu resep kana bubur anu kentel.

“Keun we lah, ari su’al bubur kentel jeung encer mah da tangtuna oge beda karesep jalma mah, ngan uing mah hayang apal, timana mimitina aya anu ngaran kadaangan anu disebut Bubur hayam?“ ceuk Man Suparman anu titatadi anteng kana Hapena.

Uing ge sarua teu apal, ngan sigana mah, asalna Bubur hayam teh, ti Tiongkok, pedah mindeng lalajo pilem Kung Fu, anu dijerona aya adegan anu keur ngadalahar Bubur. Bedana, maranehna mah ngadalahar buburna sok dibarengan ku Goreng Cakwe.

Ceuk Asep Ruslih mah, cenah kungsi maca dina hiji majalah, yen bubur hayam, asalna ti Nagri Cina. Baheula waktu jaman Kaisar Xuanyuan Huangdi anu osok disebut Kaisar Kuning dina taun 238 SM, kajadian usum paceklik anu dilantarankeun ku halodo panjang, nepika di eta nagara kakurangan bahan kadaharan kaasup Pare.

Dina nalika keur mikiran cara ngolah kadaharan supaya bisa mahi keur sakabeh rahayat, Kaisar Koneng nguah sangu ku angeun Sop panas, katingali ku Kaisar yen sangu tadi ngabeukahan siga Bubur. Tah ti harita Kaisar marentahkeun ka Juru masakna sangkan ngolah beasna sing nepika jadi Bubur sangkan cukup keur dahareun rahayatna.

Kituuuu cenah para wargi sadaya caritana kunaon ayeuna nepika aya anu disebut Bubur Hayam. Sakitu heula we nya? Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.(*)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *