SANGU AKEUL JEUNG ULUKUTEK

maleman taun baru
0 Komentar

Ku : H.Dede Asy’arie

MASIH keneh deuk nyaritakeun sual kadaangan siga poe kamari nya. Ngan pedah beda judul jeung eusina wungkul. Judulna Sangu Akeul jeung Ulukutek.

Bae nya. Nu penting mah ngadongengna ku basa Sunda, ulah ku basa Inggris atawa bahasa Arab, komo ku bahasa India mah! Hehehehehe!

Tah kieu yeuh para wargi sadayana. Sawatara poe katukang, teu pupuguh, isuk-isuk keneh make jeung hayang mumuluk sagala, apanan biasana oge isuk-isuk mah ukur ngopi, nyaneut bala-bala atawa kueh jeung sajabana.

Baca Juga:Rumah Rusak Akibat Gempa, Siap-siap Ditransfer Dana BantuanNaruto Terkena Mugen Tsukuyomi?

Indung barudak nawaran, bisi hayang dipangnyieunkeun Nasi goreng atawa pangnyieunkeun dadar Endog karesep uing nu loba Bawang daunna.

“Tapi ketah bilih bade sareng ulukutek. Kaleresan kamari si Eneng ngintun ulukutek mani seueur,“ ceuk indung barudak deui ngembohan.

Ngadenge aya ulukutek mah, uing langsung curinghak. “Sip lah, eta we ulukutek, tong nyeplok endog sagala,“ cekeng bari langsung kacipta ni’matna nyocol Ulukutek ku Sangu anyar ngakeul.

Ulukutek teh sebutan keur hiji asakan anu eusina ‘sagala aya. Sababaraha asakan anu dihijikeun, dihaneutkeun unggal isuk nepika tampolana mah geus teu katingali asakan naon da sarua hideung.

Urang Cianjur mah bisana nyebutna teh bebeye atawa bacetrok oge sok aya nu nyebut ulukutek. Mun urang Tasikmalaya mah nyebutna Golembrang. Di Bandung umumna nyebutna urab haseum, tapi sarua asakanana mah eta-eta keneh.

Keur coel goreng ulen pantesna mah da, bari ngopi isuk atawa sore. Ngan Uing mah resep kacida lamun mumuluk isuk-isuk sangu nu karek beunang ngakeul. Hijikeun jeung golembrang alias ulukutek bin bacetrok teh.

Tadina mah moal menta nyadiakeun  keur ‘Mumuluk‘ ka indung barudak teh. Rek ngagidig we ka Warujajar rek ngadon ngawuduk di Mang haji Lili. Ngan pas ningali kana jam anu naplok dina tembok, horeng geuning geus ampir satengah sapuluh. Sigana geus moal kabagean Wudukna ge wayah kieu mah.

Baca Juga:Pernikahan Korban Gempa, Haru dan BahagiaCiri-ciri Mokas yang Terkena Banjir

Enyaan, mani ni’mat kacida daang isuk karo ulukutek anu anyar ngahaneutkeun, gorengan suuk jeung Cengek! Uing anu sok ‘ancin’, dina harti tara loba nyiuk kejo, paling loba satengah piring, harita mah anjog nepika nyiuk deui kejo awahing ku ni’mat tea.

0 Komentar