SANGU AKEUL JEUNG ULUKUTEK

maleman taun baru
0 Komentar

Indung barudak, harita milu manco, sarua nyocolan ulukutek, ngan bedana manehna mah lain ku Kejo, tapi ku goreng ulen.

Da memang atuh ilaharna oge, anu sok dipake nyocol ulukutek, atawa bebeye bin bacetrok alias golembrang atawa urab haseum teh. Lain kejo tapi goreng ulen. Ngan duka kumaha uing mah meureun geus kabiasaan ti bubudak, paling pedho teh mun daang isuk-isuk ku kejo anyar ngakeul jeung ulukutek anu geus salin jinis tina rupa asakan aslina.

Biasana ulukutek alias bebeye atawa bacetrok atawa golembrang atawa urab haseum teh nyaeta asakan anu tina sambel goreng, ase cabe hejo, tumis buncis jeung sajabana.

Baca Juga:Rumah Rusak Akibat Gempa, Siap-siap Ditransfer Dana BantuanNaruto Terkena Mugen Tsukuyomi?

Unggal isuk, mun masih keneh aya sesa, sok ngahaneutkeun deui, tampolana mah nepika geus teu mangrupa deui, geus keteng meh siga areng.

Ngan duka kumaha, ceuk uing ieu mah, beuki lila, beuki mindeng dihaneutkeun karasana asa beuki pedho, duka mun ceuk letah anu sejen mah.

Sakapeung, sok ngadongeng jeung Indung barudak, sigana mun ngahaja dagang asakan, heg we aya ‘Menu’ ulukutek jeung goreng ulen, asana bakal loba oge ‘penggemarna‘, da geuning mun keur usum tos Lebaran, sok loba anu posting goreng ulen jeung ulukutek alias bebeye, alias bacetrok bin golembrang atawa urab haseum tea, boh dina pesbuk atawa oge dina grup WA.

Alus kacida cenah ari palebah cita-cita mah, ngan orokaya dina prak-prakanana naha bakal kageroh kitu? “Di mana tempatna oge, geuning ayeuna mah, mani ampir unggal tempat anu ‘strategis‘ tos pinuh ku anu daragang kuliner,” uing ukur ‘seuri koneng’ kurang jahe tea, da rumasa nyarita teh asal engab, teu mikir heula.

Ngan pedah asa enya, di Cianjur, malah di kota-kota sejen oge tacan aya anu ngahaja usaha kuliner, ngadagangkeun olahan lebaran atawa sesa lebaran saperti goreng ulen jeung ulukutek alias bacetrok, alias golembrang bin urab haseum tea.

“Keun bae atuh teu ku urang oge urang apungkeun we dina tulisan, sugan aya anu minat usaha saperti kitu, ambeh dimana urang hayang, teu kudu ngadagoan heula Lebaran atawa aya dulur deukeut anu hajat, kari meuli we ti manehna,“ ceuk uing sarua asal engab.

0 Komentar