NGUNGSI JAMAN KIWARI

maleman taun baru
0 Komentar

Ku: H.Dede Asy’arie

ARI ngadenge kecap ‘Ngungsi’ teh sok kacipta jaman baheula, jaman kaayaan keur werit, jaman bangsa urang dijajah ku bangsa deungeun. Lain ngalaman sorangan da can diborojolkeun ka dunya uingna ge harita mah, ieu mah ceuk dongengna pun Nini, dongengna pun Biang jeung raka-rakana pun biang anu kantos jadi Tentara Nasional Indonesia dina waktu harita.

Ngungsi teh nyaeta hiji pagawean pindah ti hiji tempat cicing pikeun saheulaanan nyingkahan bahaya atawa kaayaan teu aman. Biasana sok jarauh ngungsi jaman perang mah, malah apan cenah Kulawarga Besar uing oge, Kulawarga Besar bani Sa’id apan asalna mah ngungsi ti wewengkon Tarogong-Garut, nyingkahan Walanda jeung Jepang, ngan meureun jadi betah bumen-bumen di Warujajar anu antukna mah nya tempat asalna anu di tarogong teh ditaringgalkeun.

Tah kamari mah, ti saprak kajadian lini badag anu ngoyagkeun wewengkon Cianjur, istilah ‘Ngungsi’ teh jadi rame deui. Sakapeung mah sok seuri koneng sorangan mun ngabandungan sikep jalma-jalma nyanghareupan kaayaan alam kamari.

Baca Juga:Menko PMK: Lokasi Bencana Jangan Dijadikan Tempat WisataJokowi: Awal Tahun Depan Diperkirakan Sudah Masuk Resesi Global

Tong jauh-jauh ieu mah, indung barudak we, langsung ngajak nyingkah ti Gang Tangkorak, urang ‘ngungsi’ ka Warujajar cenah. Teu loba carita langsung budak anu di Warujajar di telepon rek ngabejaan yen uing jeung indungna deuk ‘ngungsi’ ka imahna.

Dina telepon kadenge sora budak rawah-riwih nyaritakeun manehna ge rek’ngungsi’ ka imah nu Perumahan Arwinda Asri da cenah sieun pedah pas kajadian, garasi mobil gigireun imahna ambruk rata jeung taneuh.

Sawatara di Gang Tangkorak sorangan, pasosore teh, jadi loba warga anu anyar daratang, horeng cenah kulawarga anu daratang ti tempat musibah akibat lini badag jeung anu keuna ku longsor di wewengkon Cugenang.

Poe kahiji mah, mah Indung budak teh masih keneh bisa diupahan, dibangbalerkeun ku ramena tatangga anyar, ngan palebah aya deui lini aru rada gede dina hiji tengah peuting, langsung maksa supaya isukna milu jeung barudak di Arwinda Asri.

Trauma majarkeun teh, jadi “parno” teu bisa hees cenah, keur sholat ge mani asa karasa wae, matak maksa hayang ‘Ngungsi ‘ oge. Enyaan nya, garis kahirupan mah, manusa taya nu nyaho.

0 Komentar