NGUNGSI JAMAN KIWARI

maleman taun baru
0 Komentar

Saha anu nyangka Cianjur bakal keuna ku musibah anu ayeuna mah geus kaasup kana musibah tingkat nasional malah keur ukuran dunya oge geus kaasup gede ku ningali korban jiwa, harta jeung anu taratu parna mah.

Basa anyar aya beja dina tipi yen aya korban jiwa nepika 27 urang jeung anu taratu parna aya kana 270 urang, hate geus lelenyapan, reuwas, tagiwur, ketir jeung sagala rupa kahariwang tamplok jadi hiji.

Dak dumadak deuih, hape ngadat teu daek hurung, atuh jadi teu bisa neangan informasi ti babaturan atawa ti dulur, karek poe kamari meureun hape bisa jalan deui, kitu ge make hape anu incu ngan pedah nomerna make nomer uing.

Baca Juga:Menko PMK: Lokasi Bencana Jangan Dijadikan Tempat WisataJokowi: Awal Tahun Depan Diperkirakan Sudah Masuk Resesi Global

Beja nu panganyarna cenah korban jiwa teh geus leuwih ti tiluratus jalma bari sawarehna can kapanggih laratanana, pangpangna anu dipikamelang teh anu kakubur ku longsoran di Cijedil.

Balik deui kana carita anu ngungsi tea, cenah ceuk beja geus leuwih ti 73.000 (Tujuh puluh tilu rebu) jalma anu ayeuna aya di pangungsian. Ceuk katerangan ti pamarentah Cianjur mah, ayeuna teh saeutikna aya 441 (Opat ratus Opat Puluh Hiji) Titik pangungsian anu sumebar di sakuliah wewengkon Cianjur.

“Alhmdulillah, pami ningal bantosan mah, unggal dinten ge teu liren“ ceuk minantu anu kabeneran milu nguruskeun bantuan di hiji Posko.

Ngan cenah anu jadi masalah utama ayeuna nyaeta kabutuhan ku sarana kabersihan saperti MCK jeung obat-obatan da loba pangungsi anu geus katerap ku rupa-rupa kasakit.

Mudah-mudahan we, saenggalna Gusti Allah, masihan jalan kaluar anu pangsaena kanggo rahayat Cianjur.

Mudah-mudahan Cianjur sing geura ‘Nguniang hudang’ memeres sagalana kalayan salamina aya dina panangtayungan Taufik, Hidayah, Inayah sareng Maghfiroh Allah. Aamiin Yaa Robbal ‘ Aalamiin, Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.(*)

0 Komentar