CIANJUR ANCUR DIENDAG KU LINI BADAG

maleman taun baru
0 Komentar

Ku: H.Dede Asy’arie
CIANJUR ancur diendag ku lini badag. Basa harita beres wiridan sholat Subuh, lain lumpat ka dapur terus ninyuh kopi saperti sasari, tapi langsung ngahurungkeun Tipi. Neangan saluran anu ti kamarina keneh terus ngawartakeun kajadian Cianjur nu keur tagiwur, lantaran ancur “Diendag ku Lini badag“.

Ceuk eta tipi, korban perlaya geus nepika angka 166 sawatara anu tatu parna aya kana ratusanana. Malah cenah sawarehna mah “dirujuk“ ka Rumah Sakit di Sukabumi jeung di Bandung da kudu ditarekahan make alat anu can aya di Rumah Sakit di Cianjur.

“Kalolobaana mah, anu tatu potong tulang jeung anu tatuna kawilang parna pisan,“ ceuk beja tina eta Tipi keneh.

Baca Juga:Pengertian dan Cara Iklan di Cianjur EkspresAturan Baru Syarat Bayar Pajak Mobil

“Cacakan karek diendagkeun nya, encan dioyagkeun,“ ceuk kang Ijan waktu ngarariung di Warung Ustadz Aliyudin poe kamari. Sapoe saentasna kajadian Lini badag poe Senen mangkukna.

Heureuy meureun kang Ijan teh, tamba teuing ngarasa ‘trauma’ ku kajadian anu bener-bener pikareuwaseun jeung pikasieuneun. Gede pisan pangaruhna pikeun rahayat Cianjur, kajadian poe Senen mangkukna teh.

Cianjur ancur diendag ku lini. Kaayaan poe kamari, nyaeta poe Salasa (22/11/2022), sapoe saentas kajadian, Cianjur jadi asa ‘Cakueum’ jeung asa tiiseun. Di jalan ge, angkot mani jempling. Anu biasa samenit sakali ngaliwat, kamari mah mani cangkeul beuheung hayang ka Warujajar naek angkot teh.

Indung barudak ge jadi wegah masak, geugeumeueun cenah sok inggis keur anteng masak aya deui Lini badag siga poe kamarina. Nitahan budak ojeg sina nyiar keur sasarap, cenah loba nu tutup warungna oge, rajeun aya keneh anu muka, geus beakeun. Da ti isuk keneh ge geus loba anu ngaborong cenah.
Nasi bungkus keur bagikeuneun ka anu garawedi lokasi bencana.

Enyaan karasa cakueumna teh. Jalan raya mani lenglang, angkot jempling. Ngitung make ramo ge bisa. Toko-toko di jalan raya timimiti jalan HOS Cokroaminoto nepika tungtung jalan Mangunsarkoro ukur aya hiji-dua toko anu muka.

Pasar Bojongmeron oge, anu biasana rame nepika sore, kamari mah Ashar oge geus jempling. Bari cenah anu daragangna oge ukur dua atawa tilu urang teu rame siga biasana.

0 Komentar