CIANJUR ANCUR DIENDAG KU LINI BADAG

maleman taun baru
0 Komentar

“Abdi mah sawewengi ngadon ngagoler dina luhur bangku ieu we, teu di kamar,” ceuk kang Ijan  bari nuduhkeun bangku Warung Ustadz Aliyudin anu kabeneran peuntaseun imahna.

Sieun cenah ku lini susulan anu ceuk beja tina tipi mah bakal ngajorag deui. Da teu ngabibisani atuh. Uing ge jeung indung barudak sabenerna mah, sanggeus kajadian oge, langsung nelepon budak. Rek ngadon ‘Ngusngsi’. Ari pek budak teh ngajawab bari rawah-riwih. Ngabejaan cenah garasi imah ambruk ninggang mobil uwana, malah budakna anu lalaki sirahna jeung leungeunna tatu keuna ku material runtuhan wangunan garasi mobil.

Ngungsi ka imah anu Perumahan Arwinda Indah, horeng keur aya pareum listrik. Antukna mah, maksakeun we di imah bari ngariung hareupeun tipi. Ceuk beja mah, lini di Cianjur anu badag kamari, masih keneh kaasup leutik mun dibandingkeun jeung kajadian ‘Lini badag’ anu kajadianana dina taun 1900.

Baca Juga:Pengertian dan Cara Iklan di Cianjur EkspresAturan Baru Syarat Bayar Pajak Mobil

Asa ‘inget-inget poho’ pun Nini asana teh, kantos ngadongeng, cenah saur Ninina pun Nini (Jangawareng meureun nya kaasupna) taun 1900, kungsi kajadian lini badag di Cianjur. Da cenah harita bakat ku gede jeung rada lila, cai dina balong oge kuatka keplok barahe. Ngan cenah teu loba korban anu perlaya jeung anu tatu sarta wangunan anu raruksak teh. Pedah harita mah, rahayat Cianjurna can pati loba siga ayeuna, jeung wangunana jaman harita mah can loba anu make material tina tembok jeung bata, masih keneh ku kayu jeung bilik.

Ceuk beja paling anyar tina tipi, cenah wangunan imah anu ruksak leuwih ti 2.500 wangunan encan sakola, madrasah, pasantren jeung wangunan sejenna kaasup oge jalan jeung jambatan. Kajadian lini badag di Cianjur, kacida matak pisediheun, pinalangsaeun, pikawatireun utamana ku lobana korban anu perlaya jeung anu tatu parna.

Anu leuwih ngagerihan hate nyaeta beja anu ngabejakeun masih keneh aya sababaraha korban anu can kapanggih.

Mudah-mudahan urang salaku rahayat Cianjur ningali kajadian ieu ku ‘Mata batin’ ku mata kaimanan ka Allah Anu Maha Agung tur Maha Kawasa yen urang mah mahluk anu dhoif. Makhluk anu taya tangan pangawasa, taya kakuatan anging ku Kersana Allah Anu Maha Agung tur Maha Kawasa.

0 Komentar