Salila dahar di Cigembor uing jol nyerengeh sorangan, ras inget kajadian puluhan taun ka tukang waktu anyaran tugas di Priangan timur. Kabeneran kabagean nganteur rombongan ti Kandepag Cianjur anu keur Studi banding ka Tasik jeung Ciamis.
Harita jamuan makan siang teh di Cigembor. Waktu keur mesen lauk uing nanya ka pagawe aya lauk naon wae? Ceuk eta pagawe aya Gurame, mujaer jeung Kancra! Ngadenge kecap Kancra jol kacipta lauk anu badag siga beunteur anu aya lolobana di walungan, anu saumur oge can kungsi ngasaan siga kumaha rasana lauk kancra, atuh langsung we uing pesen kancra anu memeh dibeuleum hayang digoreng heula saleor.
Caritana mah, pesenan kabeh geus ngajagrag, harita rombongan sesepuhna kersana KH Abdul Qodir Rozy. Waktu dek taruang, mama naros “Hayoh atuh jang De, lain geura marakan,“ saur Mama anu harita uing keur uplek jeung sobat oge babaturan kuliah di IAIN Pacet, almarhum Amin PD.
Baca Juga:PEUTEUY, NAJAN BAU ANGGER PEDOSANGU HIDEUNG KANG DAGUY
“Sakedap deui Mama, abdi ngantosan pesenan abdi,“ cekeng bari ningali ka panto dapur. Anehna pagawe teh kalahka anteng we ngalobrol jeung babaturanana.
“Na pesen lauk naon kitu jang De?“ saur Mama deui. “Lauk Kancra mama,“ cekeng bari lengo deui ka panto dapur.
“Uluh geuning aya Kancra nya?“ saur Mama. Uing ukur unggeuk ari terus ngagupayan pagawe anu keur aruplek jeung baturna.
Sanggeus padu hareupan si pagawe uing nanya “Mana geuning pesenan abdi can aya keneh,“ ceuk uing. Eta pagawe siga anu reuwaseun. ”Dupi bapa pesen lauk naon kitu,“ cenah bari nitenan idangan anu geus ngabarak luhuerun meja.
“Pan tadi pesen Lauk Kancra“ cekeng rada bedas nyarita teh perbawa lapar sigana mah. Si pagawe ningali kana piring hareupeun uing, terus nyarita. “Muhun eta payuneun bapa lauk kancra pesenan tea, digoreng heula saleor teras dibeuleum,“ cenah bari nuduhkeun kana piring haruepun uing.
“Atuh eta mah lauk Emas euy,“ cekeng rada keuheul asa ngaheureuyan. “Pan muhun pa urang dieu mah nyarebat lauk emas teh, Kancra,“ cenah bari siga nahan seuri.