LEBARAN JAMAN AYEUNA

Ku : H.Dede Asy’arie

CIANJUREKSPRESLebaran Jaman Ayeuna. Geus saminggu meureun nya urang Lebaran teh. Asa karasa keneh we mangsana keur bulan Romadlon. Pangpangna mah nineung ku sholat sunat Taraweh jaung waktuna buka Puasa, mani asa karasa keneh ni’matna, Korma, Karoket jaung Bala-bala.

Anu asa nongtoreng keneh teh, unggal memeh der solat Taraweh berjamaah, Ustadz Tajudin sok mere heula Tausiyah, diantara nyaurkeun “Urang kudu mawa kabiasaan hade salila bulan Romadlon saperti ngabiasakeun solat sunat Qobliyah jeung Ba’diyah komo bari diteruskeun jeung sunat Witir mah alus pisan!“ cenah dina salah sahiji tausiyahna.

Komo deui cenah mun kabiasaan sunat Tahajjud nu sok dipigawe najan bari maksakeun oge dina unggal sahur kabawa terus kana kahirupan sapopoe saba’da bulan Romadlon mah, bisa jadi ciri ibadah shaum urang kaasup kana anu maqbul.

Kabayang keneh kabeh ge, kacipta keneh kumaha pinuhna masjid As-Sabaab dina Taraweh nu munggaran, enyaan pinuh meunang saminggu mah, ngan kadituna mah nya kitu tea we, tina opat jajar nungtutan laleungitan nepika tinggal dua jajar satengah deui dina tengah-tengah Romadlon.

Pinuh deui soteh geus malem ‘Lilikuran’ pangpangna dina unggal maleman gangsal da bari maregat ‘Malem Lailatul Qodar‘, ditambah ku daratangna nu ngalumbara di luar Cianjur, piopat poeeun deui ka Lebaran mah pinuh deui we masjid As-Sabaab teh.
Kacipta keneh, unggal balik Taraweh awak lalungse, kadangkala mah, dahar ge sok kapopohokeun da kaburu kaserang ku tunduh tea. Mun dilenyepan mah, asa jararauh pisan bedana puasa Romadlon ayeuna jeung puluhan taun ka tukang, komo deui mun dibandingkeun jeung kabiasaan puasa Romadlon di lembur mah.

Barudak ngora ayeuna mah, da rumasa urang kota tea meureun, lalumpatanana oge lain kana dulag atawa Bedil lodong, tapi aranteng maraen PB atawa Pesbukan di Warnet. Matak remen pisan kukulutus, duka kasaha ditujukeunana mah, ngan ieu mah bakating ku asa kacida-cida teuing we, abongkena jaman geus modern, mani hese pisan ngadenge sora Dulag dina bulan Romadlon ayeuna mah.

Lebaran taun kamari, geus kacipta ti memehna dina maleman takbir bakal rame ku sora dulag. Alhamdulillah, nepika derna malem Takbiran, ukur satakol dua takol kadenge sora dulag, kitu ge barudak pejuh pisan nu narakolna ge lain para pamuda. Ukur bisa ngaheruk, horeng enya jaman geus robah.

Dulag geus kasilep ku tingjelegurna Petasan buatan luar negri nu haregana lain bantrak-bantrakeun model uing. Dulag geus kalindih ku internet nu geus bisa ngahipnotis para pamuda jeung barudak sangkan ‘anteng’ jeung ‘daria’ maraen internetan. Sakapeung sok mikir, naha dimana sabenerna uing ayeuna hirup?

Kungsi ngalaman malem takbiran teu ngadenge sora dulag teh, waktu ngadon puasa di Mekkah! Geus puguh di Mekkah mah moal ngadenge dulag oge da moal manggih masjid nu make bedug! Tapi ari aya di Tatar Sunda mah, komo deui di Cianjur nu kasohor Tatar Santri nu geus biasa loba bedug di unggal masjid, asa aneh mun teu ngadenge dulag dina bulan Puasa Romadlon teh, komo deui dina maleman Takbir!

Nu kabandungan, barudak ngora lolobana dina maleman Takbiran teh, kalahka tingalabring dina motor lain ngarumpul di masjid bari maraca Takbir. Nu rame ngageder maraca takbir di masjid angger we eta deui eta deui.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *