SOLAT TARAWEH

Solat taraweh
Gambar oleh purwaka seta dari Pixabay
0 Komentar

CIANJUREKSPRES – TEU karasa waktu nerelek, ayeuna geus tanggal ‘Lilikuran’ dina bulan Romadlon taun 1444 Hijriyyah. Asa cikeneh ngariung ngaji Yasin tilu balikan di Masjid As-Syabaab Gang tangkorak dina maleman Nisfu Sya’ban, ayeuna geus ahir bulan deui.
Alhamdulillah dina bulan Romadlon mah, anu solat berjamaah utamana Maghrib, Isya jeung Subuh timimiti awal Romadlon nepika nengah bulan ayeuna pinuh terus, komo mun waktu Isya da deuk diteruskeun jeung solat sunat Taraweh berjamaah.

Solat Sunat Taraweh timimiti inget tepika poe ieu, anu can pati robah nyaeta dina palebah prak-prakan solatna, angger “Ngebut“! Maca surahna gancang, ruku sujud jeung babacaanana ruku sujud nepika lafad tahiyyat ge garancang.

Duka kumaha, da lamun aya imam solat Taraweh anu antare dina babacaan jeung prak-prakan solatna, tara pati laku, sok ngurangan jamaahna. Lain nyaritakeun batur ieu mah, almarhum pun bapa, mun ngimaman Tarawehna sok antare, sok tuma’ninah, eh da barudak ngorana mah, barirat ka masjid tatangga anu imamna sok make gaya “Patas“.

Baca Juga:PANINEUNGAN PUASA JAMAN KEUR BUDAKDONGENG POHO DINA BULAN PUASA KENEH

“Ari hartina taraweh teh, nyantai, istirahat, jadi lain kudu gagancangan, da angger masing gancang ge paling beda welasan menit atuh,“ masih keneh nongtoreng cariosan pun bapa waktu mapatahan pala putrana puluhan taun katukang.

Taraweh di urang kalolobanana make anu 23 rokaat, siga di Masjidil Harom bari teu saeutik anu make 11 rokaat. Keun bae anu kitu mah da kabeh ge boga pilihan jeung dasar sewang-sewangan teu kudu jadi pacengkadan.

Surah anu dibaca biasana At-Takatsur nepika Al-Masad beda pisan jeung di Masjidil Haram anu tiap Taraweh nepika sa Juz. Eta teh bari macana antare teu Patas siga di urang.

Jadi ras mangsa keur tiheula ngalaman Taraweh di Masjidil Haram, suku nepika ngeleper untung teu ambruk oge! Kacipta we, koboy Warujajar anu biasa Taraweh Patas bari surahna pararondok, dibere Imam anu santai bari surahna pararanjang! Hehehehehee……waas dekah!

“Isukna uing nelepon ki sobat anu gawe di Kedutaan di Jeddah, ngajak Taraweh di Masjid anu Tarawehna siga di urang. Teu kungsi dua jam ge, ki sobat geus nyampeur ngajak ka kota Jeddah.

0 Komentar