SOLAT TARAWEH

Solat taraweh
Gambar oleh purwaka seta dari Pixabay
0 Komentar

Horeng uing diajakan Bukber di Kedutaan, mun teu salah harita Dubesna Pa Ahmad Tirto Sudiro. Mani asa di imah sorangan, komo ningali rupa-rupa kadaharan khas Romadlon saperti Kolek Cau, Kolek Caruluk, Opor Hayam, Sayur lodeh jeung sajabana, beu! Mun teu era mah mani hayang langsung nguah sayur Lodeh waktu kadenge Adzan Maghrib teh.

Teu kudu dicaritakeun nya ni’matna daang jeung kadaangan urang di Nagri batur mah, urang caritakeun bab Tarawehna we.

Ari barang der solat Isya terus Taraweh, uing jadi seuri koneng, horeng Imamna leuwih Koboy batan Koboy Warujajar. Maca surahna leuwih patas batas ‘Patas Warujajar‘ jaba ngan saukur 11 rokaat deuih! Atuh teu kungsi satengah jam ge Tarawehan di Kedutaan geus beres.

Baca Juga:PANINEUNGAN PUASA JAMAN KEUR BUDAKDONGENG POHO DINA BULAN PUASA KENEH

“Sugan uing mah, moal manggih Taraweh Patas euy di Arab Saudi mah,“ cekeng ngaharewos ka ki sobat waktu kaluar ti tempat Taraweh.

“Pan di kedutaan mah solatna made in Indonesia lain made in Arab Saudi,“ ceuk ki sobat bari seuri.

Kajadian puluhan taun katukang mani asa natrat keneh na kongkolak panon. Sok aya kapikiran eta oge, naha memangna mun solat taraweh kudu “Patas“? Cenah ceuk ki lanceuk anu sok ngadon solat taraweh di Masjid Agung Cianjur, di Kaum mah solatna santey, surahna pararanjang siga di Masjidil Harom.

“Nikmat sareng khusu we karaosna tarawehan di Masjid Agung mah,“ ceuk ki lanceuk dina hiji waktu.

Enya na matak naon atuh nya mun di unggal Masjid ge, nurutan siga di Masjid Agung, keun wae, teu sa juz sa peuting oge, atuh santeyna, sugan we jadi kabiasaan anu alus. Pan hartina Taraweh teh, santey atanapi reureuh sejenak sanes? Wallohu’alam bisshowab, Wassalam!***

0 Komentar