PANINEUNGAN PUASA JAMAN KEUR BUDAK

budak puasa
0 Komentar

CIANJUREKSPRES – PANINEUNGAN PUASA JAMAN KEUR BUDAK. Teu karasa nya puasa teh geus poe wewelasan, hartina tinggal dua minggu deui nyanghareupan Malem Takbiran. Tereh ngopi deui isuk-isuk bari moyan di tukangeun imah, atawa bari nyanghareupan monitor di kantor.

Enya nerelekna waktu teh geuning bener-bener teu karasa. Tong boroning karek poe mimiti puasa bulan Romadhon taun ieu (1444 Hijriyyah), dalah bulan puasa taun kamari jeung taun memehna ge, mani asa cik keneh.

Mun dilenyepan mah, puasa dina taun-taun ayeuna, asa loba pisan kabiasaan uing baheula keur budak nepika keur pamuda malah nepika geus boga anak tilu anu teu kapanggih dina suasana puasa jaman ayeuna.

Baca Juga:DONGENG POHO DINA BULAN PUASA KENEHAda Seribu Komunitas LGBT di Cianjur

Jadi ngalayang pipikiran teh, ka alam puluhan taun katukang, waktu uing baheula keur budak, kacipta kumaha resepna salila aya dina bulan puasa.

Tiheula, keur umur dalapan atawa salapan taun, salila bulan puasa teh sok ngariung sadulur-dulur di imah Abah Haji Barkum Sa’id raina pun Nini, waktu keur nganjrek di Rancabali wetan. Mun ngabeubeurang teh, sok dipangnyewakeun komik mani sabegbregan. Nyewana ti Panyewaan Buku Gelombang Suasana (GS)di Gang Nangka mun teu salah mah. Gedengeun Rumah Bola Sodok harita mah, anu kadieunakeun jadi bioskop Plaza.

Komikna rupa-rupa, ngan lolobana mah carita wayang nyaeta carita Mahabharata jeung Ramayana, anu sejenna mah paling komik Siti Gahara, Tarzan jeung komik Dagelan Petruk & Gareng.

Harita mah can aya komik beunangna komikus-komikus saperti Ganes TH, Yan Mintaraga, Djair, Hans atawa Hasmi jeung anu sejenna, jaman uing harita anu pang apalna teh, R.A. Kosasih anu nyieun komik Mahabharata, Ramayana atawa Siti Gahara jeung Sri Asih terus we Taguan Harjo urang Sumatra, kadituna teu apal.

Mun bosen macaan komik, sok ngalabring mapay-mapay sawah garing bari mawa kaleng urut susu kental keur wadah jangkrik. Memeh Lohor geus araya deui di imah, ngaderes ngaji Al-Qur’an memeh sare beurang. Diharudangkeun deui rek Ashar, marandi di Pancuran memeh solat Ashar, engke beres sholat Ashar, ngalabring deui ngadon Ngabuburit.

0 Komentar