PANINEUNGAN PUASA JAMAN KEUR BUDAK

budak puasa
0 Komentar

Sok hayang seuri mun dipikir ayeuna mah, harita keur budak, mani sagala anu katingali dibeuli, ma’lum panon nu keur puasa tea meureun, sagala rupa pikabitaeun, ningali Petis cuka, meuli. Ningali Caruluk beureum di si Ayu mani uruy, dibeuli. Ningali tukang Arumanis, meuli. Pokona mah tara kurang ti tilu rupa kadaangan anu dibeuli. Anu dina derna waktu buka puasa mah, paling ukur diasaan wungkul tara nepika beak didahar.

Harita keur budak mun keur ngabuburit sok atoh mun ningali di langit kota Cianjur geus pinuh ku Lalay anu kalaluar ti Kantor Pulisi jeung ti Kantor Pos, anu hartina waktu geus sareupna tereh waktu bedug Maghrib.

Salian ti ngala Jangkrik, barudak jaman harita geus ilahar mun ngabeubeurang bari Ngadulag, meh ampir unggal Masigit atawa Tajug rame ku barudak anu ngadarulag. Tah jaman ayeuna mah, tong boroning di kota, dalah di pakampungan oge, geus hese ngadenge sora dulag teh, barudakna leuwih anteng maraen game dina hape atawa di Warnet.

Baca Juga:DONGENG POHO DINA BULAN PUASA KENEHAda Seribu Komunitas LGBT di Cianjur

Jaman harita keur budak, mun teu ngadulag, uing sadulur-dulur sok perang beleson alias Bedil Karbit di Kebon Kalapa tukangeun imah. Bedilna sok dipangnyieunkeun ku Emang anu ngahaja dipiwarang ku Abah Haji. Mun teu perang Bedil Karbit, sok Perang Balon anu dieusi ku cai. Ukuran balonna tina hiji balon teh sok dibagi jadi sagede-gede peureup, kitu tea we eureun-eureun mun geus beakeun balon. Balik ka imah bari rancucut, terus mandi sore sakalian siap-siap keur ngabuburit.

Waas kacida. Mani sok hayang balik deui ka jaman keur budak sakapeung mah. Hayang malikan deui mangsa-mangsa endah dina jero bulan puasa, anu dina jaman millenial ayeuna mah, geus hese pisan kapanggih. Ayeuna mah barudak mun teu manco hareupeun tipi, nya manco kana monitor komputer di warnet maraen game, atawa anteng kana hape android sewang-sewangan.
Hayang ngadenge sora dulag ge geus hese ari lain barudak anu ngurilingan lembur unggal janari leutik ngahudangkeun masyarakat sangkan ulah kabeurangan Sahur mah. Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.***

0 Komentar