LEBARAN JAMAN AYEUNA

lebaran ayeuna
Gambar oleh Yazid Nasuha dari Pixabay
0 Komentar

Kadaharan lebaran kayaning Opor hayam kampung, Sambel goreng ati, Semur daging atawa angeun kari nu biasana sayagi diunggal imah (da sok maraksakeun maneh tea) geus teu kudu riweuh olah di unggal imah, kari pesen we ka perusahaan catering. Ari nu jadi alesan mah nya eta rariweuh tea we! Kupat jeung Lontong geus teu kudu riweuh nyieun, komo jeung leukeun nyeunan cangkangna tina pucuk daun kalapa mah sigana ukur hiji atawa dua nu leukeun, da ayeuna mah cukup meuli ti tukang kupat atawa tukang lontong nu biasa daragang.

Nu paling dicita-citakeun unggal Lebaran, nyaeta Goreng Ulen nu dicolekeun kana Semur daging atawa Sambel goreng ati, malah pang ‘favoritna’ mah nyaeta goreng Ulen nu dicoelkeun kana ‘Golembrang’ alias ‘Bebeye’ alias ‘Urab Haseum‘ mun ceuk urang Bandung mah.

Alhamdulillah nu ngaran goreng Ulen enya ge teu nyieun, ngasaan oge, da aya nu ngirim. Nu ngaran Golembrang alias Bebeye alias Urab Haseum tea mah, ngasaan-ngasaan dina poe kaopat lebaran, kitu ge pedah budak nu bungsu ngageh-ngageh da meureun inget kana ‘kelandep’ nu jadi bapa!

Baca Juga:SOLAT TARAWEHPANINEUNGAN PUASA JAMAN KEUR BUDAK

Enya jararauh pisan ayeuna mah. Duka deuk kumaha tah Puasa taun hareup mah. Naha bakal aya keneh dulag ditabeuh atawa boa bedugna ge, geus laleungitan engke mah ti unggal masjid nu di kota mah. Uing mah yakin mun seug bulan puasa di lembur, moal nalangsa teuing siga ayeuna.

Katingali we, di pilemburan mah, nepika ngaharajakeun ning nyanghareupan lebaran teh, mareuli kulit bedug nu anyar. Matak kitu ge meureun hayang rame ngadarulag dina maleman takbiran tah urang lembur teh!

Ari di kota kumaha? Ceuk hiji beja malah aya hiji masjid nu ngahaja nyumputkeun panakol bedug sangkan ulah diparake ngadulag! Beu!! Duh, na aya ku ngalantur kieu ieu teh? Kalah ngabahas dulag, ulen jeung golembrang, sakitu geus jelas pan tadi ge, nu kudu kabawa dina pangimplengan unggal muslim-muslimah saba’dana bulan Romadlon mah ceuk kokolot masjid ge, pan kabiasaan ibadahna utamana, solat sunat peuting, tadarus jeung nahan hawa nafsu!

0 Komentar