MUMULUK ALIAS DAHAR ISUK

maleman taun baru
0 Komentar

Ku: H.Dede Asy’arie

TI BUBUDAK geus dibiasakeun ku Ema uing, memeh miang ka sakola, kudu didadasaran heula cenah beuteung teh ku kadaangan. Pangpangna mah ku kejo jaman harita mah, ambeh teu kapiheulaan ku angin cenah. Salah sahijina ku mumuluk.

Sasarap teh minangka ngadadasaran eusi beuteung ku kadaangan. Aya nu nyebut ‘Sasarap’ aya oge nu nyebutna teh ‘Mumuluk’ sawatara ari pun Bapa mah, pedah lila teuing di Pasantren meureun, jadi sok nganggo istilah “Futuran”.

Bae lah nya, untung teu make istilah ‘Breakfast’ oge nurutan kabiasaan si Iron Man. Tah jaman uing keur budak mah anu jadi ‘Menu’ mumuluk teh biasana sok dipang nyieunkeun Sangu goreng karesep uing, nyaeta, Sangu goreng anu teu dikecapan, tapi ukur make Bawang (bawang beureum atawa Bawang daun) jeung Uyah.

Baca Juga:Pemprov Banten Salurkan Bantuan Rp1 Miliar untuk Penanganan Korban Gempa CianjurKPK Sebut Pelayanan Publik Masih Menjadi Sektor Rentan Korupsi di Pusat atau Daerah

Deungeunna ge tara make ceplok endog cukup jeung gorengan atawa kurupuk. Mun teu kaburu dipangnyieunkeun sangu goreng, cukup meuli Bubur Hayam di Mang Jajang atawa ku leupeut satangkep jeung gorengan suuk atawa oncom.

Pokona mah kitu we lah, menu keur mumuluk jaman harita estuning sagala kadaangan anu bahan bakuna tina Beas, kaasup oge wuduk, buras, kupat tahu atawa lontong kuah. Ngan anu can pernah kaalaman teh meureun mumuluk ku lotek atawa karedok we.

Beda ning ari bangsa deungeun mah, naon we anu asup kana beuteung dina isuk-isuk nyebutna  teh ‘breakfast’. Tiheula keur uing masih SMA, sok mindeng ngahaja ulin jeung turis di Cipanas maksudna mah hayang praktek bahasa Inggris.

Hiji waktu jangjian menta nganteur ka Bandung. Isuk-isuk ngumpul di stanplat beus, harita mah handapeun Pasar Cipanas. Uing mah ti subuh keneh ge geus ngabubur hayam minangka ‘breakfast’ na teh, terus barang uing nanya ka turis tea, geus ‘breakfast’? ngajawab eunggeus cenah, daang rambutan!

Deuuuuh, pan uing mah diwanti-wanti ti bubudak ge, tong ngadaang bubuahan memeh beuteung kaaupan kejo! Matak rada ngahuleng harita ge, ngan teu papanjangan da kaburu datang beus anu tujuan Bandung.

0 Komentar