MUMULUK ALIAS DAHAR ISUK

maleman taun baru
0 Komentar

Tah kabiasaan ‘Mumuluk’ isuk teh nepika ayeuna ge can robah. Mun teu dipangnyoeunkeun sangu goreng karesep tea ku indung barudak, pasti ngulincer neangan nu dagang kadaangan keur mumuluk.

Ayeuna mah teu hese neangan nu dagang kadaangan keur mumuluk teh. Kaluar ti gang hareupeun imah, geus nyampak tukang bubur hayam. Meuntas ka Barba, aya deui tukang bubur hayam. Gedengeunana Tukang Maranggi jeung wuduk. Encan beulah kuloneunana aya mang Sanip sarua dagang wuduk. Ngan bedana mang Sanip mah deungeun wudukna jeung goreng comhu, gehu, goreng tempe jeung bala-bala. Ngan mun leuwih ti jam salapan geus moal kabagean di Mang Sanip mah.

Mun di Warujajar mah leuwih leubeut deui, ti handap keneh aya Bubur Ma Wati anu kaasup Bubur Hayam ‘ Legend‘ Warujajar mah. Aya oge Baso Mas Senggol (ngan asa kurang pas nya mumuluk ku Baso mah). Gedengeunana aya wuduk jeung Sate Maranggi Ma Haji Nunung, terus deui aya Lontong Kuah.

Baca Juga:Pemprov Banten Salurkan Bantuan Rp1 Miliar untuk Penanganan Korban Gempa CianjurKPK Sebut Pelayanan Publik Masih Menjadi Sektor Rentan Korupsi di Pusat atau Daerah

Uing mah mun ka Warujajar deuk ngadon mumuluk teh sok ngahajakeun hayang ngawuduk di Mang haji Lili. Kacipta cai entehna anu karek cur jeung sok loba panggih jeung babaturan we deuih di warung wuduk mang haji Lili mah.

Ayeuna mah aya hiji deui anu jadi ‘sasaran’ ngadon mumuluk di Warujajar teh, nyaeta Warung Nasi mang Daguy. Anu nyadiakeun sangu rupa-rupa. Aya sangu Koneng, sangu beureum, sangu Hideung geus puguh ari sangu bodas mah.

Terus deui Soto hayam kampung ala Madura, di jalan Aria Cikondang. tiheula mah bakat ku loba nu meuli, jam salapan isuk leuwih saeutik geus nyamos teu kabagean.

“Ayeuna mah dugika jam lima sonten oge tiasa pa,“ ceuk si Mas Tukang Soto. Da geus boga jongko sorangan ayeuna mah. Ngontrak Toko anu baheula mah sok make pakarangan. Sakitu heula we nya? Wallohu’alam bisshowab, Wassalam. (*)

0 Komentar