PECEL SAYUR, LOTEK & GADO-GADO

pecel sayur
Pinterest.com
0 Komentar

CIANJUREKSPRES – PECEL SAYUR, LOTEK & GADO-GADO. PEUTING tadi siga peuting-peuting memehna. Panon hese dipeureumkeun da puguh taya rasa tunduh saeutik-eutik acan. Pangangguran cutrak-cetrek milihan acara dina tipi. Bosen acara tipi pindah kana jalur Youtube. Kabeneran aya video ngeunaan layanan istimewa keur para panumpang kelas hiji ti sababaraha pausahaan kapal udara kaasup Garuda Indonesia.

Aya anu onjoy ti pausahaan Garuda dibanding pausahaan kapal udara sejenna nyaeta dina kadaangan jeung inumanana aya anu khas Indonesia saperti Jus Kadongdong jeung Bajigur. Ngan keur uing mah keukeuh aya nu kurang, lantaran dina Menu Garuda can aya kasebut Lotek, Pecel sayur atawa Gado-gado.

Hiji ngaran kadaharan/olahan anu dijieunna tina Sayuran anu diseupan atawa dikulub atawa bisa oge ngan saukur dileob ku cai anu ngagolak, terus dihijikeun jeung bungbu anu dijieun tina Suuk meunang nyangray atawa meunang ngagoreng, direndos dina coet make mutu ditambahan ku Uyah, Gula, Cengek, Cikur. Malah anu resep mah sok make beuleum Tarasi saeutik.

Baca Juga:HAYANG TUNDUH & NGALAWAN TUNDUHSertipikat Tanah Berbentuk Elektronik Terbit Bulan Depan

Ti heula mah keur uing budak, keur ngentelan bungbuna teh sok make kulub Hui boled. Sayuran anu dipake biasana Engkol, Kangkung, Toge, Waluh siem meunang nyiksikan. Salian ti Lotek, aya oge anu disebut Karedok.

Bedana Lotek jeung Karedok nyaeta sayuran anu dipakena aratah jeung tara make Kangkung jeung Waluh siem. Karedok mah ukur Engkol atah disiksikan aripis, Bonteng atah, Toge atah, Terong atah, jeung Kacang panjang atah. Ulah kaliwat Daun Surawung.

Keur budak uing pang teu beukina kana Karedok lantaran aya Terong atah jeung Kacang panjang atah, komo deui aya daun Surawung! Ayeuna mah tibalik, uing teu pati resep kana Lotek tapi moho pisan mun daang beurang jeung Karedok. Malah Surawung anu uing keur budak pang teu resepna teh, geus aki-aki siga ayeuna mah kudu dilobaan dina Karedok teh. Ari rada ka beulah wetan mah, nyarebutna teh Pecel sayur.

0 Komentar