HAYANG TUNDUH & NGALAWAN TUNDUH

Tunduh
Pixabay
0 Komentar

CIANJUREKSPRES – UING mah ngahaja nulis carita sual Tunduh, pedah geus meh unggal peuting, hese pisan panggih jeung sakadang ‘Tunduh‘. Jadi ampir unggal peuting loba keneh nyileuk batan hees, da sakadang Tunduhna mani linghas pisan ayeuna-ayeuna teh.

Tah nyaritakeun sual Tunduh, sarua hayang datang Tunduh jeung ngalawan rasa Tunduh. Ku anu teu apal elmuna siga uing mah lapur we, hayang sina datang Tunduh hese, hayang ngalawan Tunduh sarua teu bisa.

Peuting tadi oge, ceuk papatah sobat uing, cenah lamun hayang Tunduh mah, suku dikaluhurkeun meunang 10 atawa 15 menit mah, InSyaa Allah Tunduh bakal datang. Tapi duka kumaha peuting tadi mah sakitu geus tilu kali suku dikaluhurkeun angger we teu daekeun Tunduh.

Baca Juga:Sertipikat Tanah Berbentuk Elektronik Terbit Bulan DepanJelang AMJ Kang Emil, Indeks Kemiskinan di Jawa Barat Menurun

Bisa hees teh isuk-isuk beres sasarap. Majar ayeuna mah urang khusus nyaritakeun kumaha ngalawan Tunduh we nya?

Ceuk Asep Ruslih mah, Hercules oge anu cenah manusa satengah Dewa, anakna Dewa Zeus tea ceuk kapercayaan urang Yunani mah, moal kuateun mun kudu ngalawan tunduh mah.

“Hiji-hijina cara keur ngalawan tunduh mah, ukur kudu dibere Bantal!“ ceuk Asep Ruslih deui bari seuri.

Uing jadi ras kana dongengna Deden Sukmayadi anu nyaritakeun aya hiji pejabat anu keur tugas ngurilingan lembur. Kabeneran cenah harita poe Jumaah, nya dina waktuna sholat Jumaah pejabat eta jeung rombongan milu Jumaahan di hiji masjid.

Tayohna bae, bakat ku cape, sanggeus sholat Tahiyyatul masjid, manehna ngalenggut, komo deui bari ‘diusapan’ angin anu ngahiliwir, manehna nepika ngalenyap, kahudangkeun teh ku sora Qamat.

Eta pejabat tea, tuluy milu sholat Jumaah bareng jeung nu sejen bari manehna ngarasa aneh, naha cenah di masjid eta mah, teu make Khutbah Jumaah? Beres sholat Jumaah manehna nanya ka jamaah gigireunana naha cenah memang kabiasaan di Lembur eta, Jumaahan teu make Khutbah Jumaah?

“Sanes teu nganggo Khutbah Jumaah pa, tapi bapa kapulesan nepika nyegrek waktos nuju Khutbah Jumaah tadi,“ ceuk jamaah gigireunana.

Baca Juga:Kakak Sugeng Minta Adiknya Jangan Dijadikan Kambing HitamPuskesmas Darurat Ramah Gempa Berbahan Kayu Didirikan

Tah kitu mokahana kakuatan sakadang tunduh teh. Uing ge jadi seuri koneng, inget kana kalakuan sorangan. Harita kur usum Piala Dunia Sepak Bola, poho deui taunna mah nu jelas memeh taun 1990an.

0 Komentar