HAYANG TUNDUH & NGALAWAN TUNDUH

Tunduh
Pixabay
0 Komentar

Harita lalajo bareng jeung babaturan, malah tarohan ku tilu bungkus roko Jie Sam Soe sagala. Memeh der maen ge, geus tatahar, Kopi hideung, Kacang Asin, Ududeun jeung camilan sejenna.

Acara mengbalna harita jam satengah dua peuting. Satengah maen masih gedeg 0–0 , panon geus mimiti beurat, cikopi geus ganti kunu karek cur, tapi panon angger teu robah jadi cenghar deui.

Nongton tipi anu asalna bari sila luhureun Karpet, robah jadi bari gogoleran bari nangkeup Bantal hiji sewang. Istirahat babak kahiji panon geus teu bisa dibawa badami, langsung palid ka sagara pangimpian.

Baca Juga:Sertipikat Tanah Berbentuk Elektronik Terbit Bulan DepanJelang AMJ Kang Emil, Indeks Kemiskinan di Jawa Barat Menurun

Hudang geus caang panon poe, atuh sholat Subuh ge jadi bareng jeung sholat Dhuha. Tarohan antukna bolay da meunangna ku cara gul-gulan cenah.

“Anu matak reuwas mah Ji, tiheula Ana mawa mobil ka Bandung nganteur dulur ka imahna hiji tokoh masyarakat Jawa barat, sapeuting jeput teu hees da milu ngobrol,“ ceuk dahuan uing basa nganteur uing ka Tasik ngadarongeng jero mobil.

Beres sholat Shubuh teh cenah, masih keneh nuluykeun obrolan bari sakalian mumuluk Sangu goreng. Balik ka Cianjur keun teh cenah geus manceran Panonpoe. “Harita mah can aya jalan tol, jadi balik teh ngaliwatan Cimahi,“ ceuk ki lanceuk.

Tah cenah palebah hiji pengkolan di wewengkon Padalarang, duka kumaha jol les we cenah, mangkaning keur nyupiran, kahudangkeun teh cenah pedah ban mobil karasa kana gili-gili jalan.

“Harita ku dulur ana, dititah nyisi tuluy reureuh heula, dititah ngalenyap duka sabaraha lila, geus diperumkeunmah enyaan, rada cenghar, komo sanggeus nyimpang ka hiji warung di deukeut Situ Ciburuy, ngadon ngopi mah, mata teh cenghar deui,“ ceuk Dahuan uing.

Ari dongeng Apih mah cenah, harita ngadon nguseup di walungan Citarum mangsa taun 60an ahir. Tepi ka tempat panguseupan di Citarum teh pasosore. Sabot nu sejen liar neangan tempat keur nguseup, si Apih mah, kalah bebenah di Saung leutik luhureun tempat panguseupan.

Tuluy cenah si Apih, nyobaan tempat sare beunang bebenah tadi, ngan meureun perbawa cape tas leumpang, teu ku hanteu sakadang tunduh ngusapan panon si Apih bari ditiupan ku angin leutik nu ngahiliwir, nya langsung we tibra.

0 Komentar