PECEL SAYUR, LOTEK & GADO-GADO

pecel sayur
Pinterest.com
0 Komentar

Kana Pecel ge uing resep, duka pedah naon, duka pedah sayuran anu dipakena rada beda ti urang atawa naon uing ge teu pati merhatikeun, ngan lamun keur ulin di Tasik sok nitah barudak meuli ka si Mbak Tukang Pecel sayur anu sok mangkal di Cihideung.

Kitu deui tiheula keur sok mindeng ulin kana Kareta Api heg tujuan ka Jawa tengah, pasti palebah stasion Kroya ngadon nyaneut heula Pecel sayur. Malah tiheula waktu budak uing nu di Tasik hajat syukuran nyunatan anakna, si Mbak Tukang Pecel anu sok mangkal di Cihideung tea, ngahaja sina midang dina Angkringan hajatan.

Ceuk budak anu panggedena, anu ngurus parasmanan, cenah angkringan Pecel sayur si Mbak anu pangheulana amrin. Mun nyaritakeun dinu hajatan, Lotek , Pecel atawa gado-gado mah geus jarang kabaca, anu sok mindeng ‘dina parasmanan mah malahan Karedok.

Baca Juga:HAYANG TUNDUH & NGALAWAN TUNDUHSertipikat Tanah Berbentuk Elektronik Terbit Bulan Depan

Lain babasan uing mah, sok moho pisan mun ngawadang jeung Karedok, terus we dibaturan ku goreng Asin eta mah rek Sepat, Japuh atawa Selar, beu! Matak poho ka Mitoha ceuk babasan mah.

Di Cianjur, keur jaman taun 70an, aya sababaraha tempat anu kajojo pisan diantarana Lotek Bandung di Jalan Moh Ali- Cikidang, terus Lotek Orion anu di jalan HOS Cokroaminoto Rancabali, Lotek di Warujajar handapeun pisan setopan Toko Lili nyaeta warungna Bah Obang bandar Awi jeung Bilik.

Terus weh anu di Gang Jaksa totogan pisan jalan anu ka Solokpandan, jeung Warung Lotek anu di hareupeun Bui di Jalan Aria Cikondang.

Kabehanana oge, make bahan anu sarua, sayurna meunang nyeupan atawa dileob tea, sayurna Engkol, Waluh, Toge jeung Kangkung bari bungbuna ge sarua tina Suuk meunang nyangray atawa meunang ngagoreng, direndos jeung samara sejenna dian Coet make Mutu. Sanajan geus aya oge alatna asa can ngajaran meuli Lotek bungbuna meunag nga-blender.

Ngan bedana jeung Lotek-lotek buatan di lembur, nyaeta sok make goreng Tahu, goreng Kentang, Kulub Endong hayam dikeureutan. Jeung salian ti make Kurupuk sok diselapan ku goreng Emping!

0 Komentar