N G U S E U P

N G U S E U P
ILUSTRASI
0 Komentar

NGUSEUP teh minangka salah sahiji pangaresep manusa dialam dunya, kaasup urang Sunda anu aya di wewengkon Kabupaten Cianjur, malah cenah can kaasup urang Cianjur mun teu resep kana Nguseup ! Wallohu’alam bener henteuna mah, ngan anu karasa, uing ti jaman keur budak keneh kaasup ka anu resep kana Nguseup.

Sarerea ge apal, yen nguseup teh, hiji kagiatan ngala lauk ku jalan di pancing, pakakasna nyaeta Jeujeur , tali tina nilon, Useup jeung Eupan ! Rupa-rupa pisan ning, boh Joran (Jeujeur) Useup atawa Eupan oge, ti mimiti anu basajan nepika anu kawilang istimewa.

Kocap cenah aya Joran anu haregana nepika jutaan malah nepika puluhan juta, biasana keur anu resep nguseupna di laut atawa di Walungan gede. Kitu deui anu ngaran Eupan, ti mimiti anu basajan saperti Cacing, Hurang, Lukut jeung
sajabana, nepika Eupan anu khusus, anu diramu ku para‘Mancing mania’ sewang-sewangan, papada boga ‘resep’ khusus , malah keur anu geus kawilang ‘pakar’ mah, Eupan na oge, marake Eupan syntetis.

Baca Juga:‘Cepot’ Desak Pemkab Tunjukkan Surat Hasil Kajian BPCB Eks Gedung SMAN 2BMKG: Cianjur Masuk Kawasan Siaga Bencana

“Biasana mah keur anu ngaruseup di laut atawa di walungan jeung situ anu galede, anu laukna ge ukuran anu baradag” ceuk dahuan uing anu kawilang ‘pakar’ dina per-nguseup-an. Rupa-rupa cenah tempat karesepna anu marancing ge, aya anu resep di Walungan, di Susukan leutik, di Laut, aya oge anu resepna nguseup di Balong.

“Biasana keur anu resep‘Kongkur’ eta mah, neangan jawarana, paloba-loba jeung pabeuret-beurat timbangan beubeunangan nguseup, biasa sok aya hadiahna” ceuk dahuan uing bari nyaritakeun, cenah manehna mah, teu pati resep nguseup di balong mah, soalna apal dipelakan lauk, beda jeung di walungan.

Sabenerna mah, anu matak nyandu kana nguseup, lain ku laukna-laukna teuing Ji, tapi ngunnyunyudna waktu keur disorang, jeung suasana alam di tempat nguseup “cenah bari derekdek ngadongeng yen mun geus datang ‘hayang ngusep’,
sok tara inget kana waktu atawa kaayaan.

Pernah cenah dina hiji waktu, awakna karasa teu ngareunah, matak ngagojod we cenah di enggon bari diharudum sarung. “Harita balad-balad nguseup, nyalampeur ngajak nguseup ka Calingcing , tapi da keur teu ngareunah awak najan hate kekejotan oge” ceuk dahuan uing bari nuluykeun dongengna.

0 Komentar