N G U S E U P

N G U S E U P
ILUSTRASI
0 Komentar

Kira-kira jam salapan peuting, karasa awakna asa seger, karalang-kuriling di jero imah, karasa sagala salah cenah, naaa da teu diengkeun deui, langsung nyiapkeun ‘parabot’ nguseup, kurah-koreh kana dompet aya duit ‘lalakina’ nyelap cenah 50 rebu .

“Harita keneh langsung ngabret, nyusul balad-balad anu tadi nyampeur, da apal tempatna” ceuk dahuan uing bari nyebutkeun nepika tempat panguseupan, ti jalan hideung teh, kudu leumpang kira-kira 2 kilometer, ngaliwatan leuweung Awi jeung Kuburan.

“Jam sapuluh peuting, karek nepika tempat panguseupan, untungna rada kacaangan ku cahaya bulan, najan teu pati bengras ge” ceuk dahuan uing.

Baca Juga:‘Cepot’ Desak Pemkab Tunjukkan Surat Hasil Kajian BPCB Eks Gedung SMAN 2BMKG: Cianjur Masuk Kawasan Siaga Bencana

Sakedapan mah rada ngahuleng uing ge, ari nepika kitu mah, bet asa kabina-bina teuing ngabelaan karesep teh. “Can waka bisa asup kana kleup tukang nguseup mun masih keneh borangan mah Ji” ceuk dahuan uing bari nyerengeh. “Sok meunang loba laukna eta teh Wa ?” ceuk uing ka dahuan.

“Sakapeung so kaya milik, sok loba beubeunangan, sakapeung nyamos teu hiji-hiji acan, tapi da lain ku beubeunanganana , ari resep nguseup mah” cenah. Uing ge kaasup ka anu resep nguseup, ngan ‘kelasna’ can nepika siga kitu. Ke dongeng uing nguseup mah kanggo kapayun nya. Cag heula! Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.(Ku : H.Dede Asy’arie)

0 Komentar