LINI BADAG DI CIANJUR

maleman taun baru
0 Komentar

“Ari ceuk katerangan ti pamarentah mah cenah, geus mindeng kacida kajadian ayana lini di wewengkon Cianjur jeung Sukabumi teh,“ saur pun Uwa deui bari derekdek nataan kajadian diantarana taun 1969 tanggal 2 Nopember.

Terus tanggal 26 Nopember taun 1973 loba imah ruksak di wewengkon Sukabumi, taun 1982 tanggal 10 Pebruari, lini badag di Cianjur-Sukabumi ngakibatkeun loba wangunan ruksak jeung korban jiwa.

Dina taun 2000, saur pun Uwa keneh, 1.900 wangunan ruksak ku ayana lini badag anu kakuatanana 5,4 Magnitudo dina tanggal 12 Juli. Sawatara dina tanggal 12 Juni 2011 di wewengkon Cianjur-Sukabumi dina kakuatan 4,9 Magnitudo ngakibatkeun 136 wangunan di Lebak jeung Sukabumi raruksak. Lini badag anu leuwih ti kakuatan waktu kamari tanggal 21 Nopember di Cianjur, saur pun Uwa, nyaeta waktu kajadian dina tanggal 4 Juni taun 2012.

Baca Juga:Bupati: Ada Hikmah di Balik Bencana Gempa Cianjur4 Mahar Unik Pernikahan di Indonesia, Salah Satunya Sandal Jepit

Kajadian di wewengkon Cianjur–Sukabumi harita nepika ukuran 5,1 Magnitudo leuwih rohaka batan anu kajadian di Cianjur kamari anu ukuran kakuaranana 5,6 Magnitudo. Kajadian tanggal 4 Juni 2012 ngakibatkeun 104 wangunan raruksak.

Dina taun eta keneh, nyaeta tanggal 8 September taun 2012, 506 wangunan ruksak ku lini badag dina ukuran 5,1 magnitudo. Di Sukabumi keneh, cenah dina taun 2020, tanggal 11 Maret kajadian lanu ngakibateun ruksakna 760 wangunan di wewengkon Sukabumi raruksak.

Jadi cenah, Cianjur, Sukabumi, Bandung, Lembang jeung Purwakarta kaasup kana wewengkon anu rawan keuna ku oyagna bumi alias lini tea. “Mudah-mudahan tong aya lini susulan anu siga kamari,“saur pun uwa mungkas cariosanana. Amiiin Yaa Robbal aalamiin. Wallohu’alam bisshowab. Wassalam.(*)

0 Komentar