Ku : H.Dede Asy’arie
AKIBAT aya lini badag kamari, ayeuna mah jadi aya kabiasaan anyar, sok asa oyag bumi alam mun keur cicing oge.
“Lilinieun tea eta teh, traumatik kajadian lini badag kamari,“ ceuk adi uing ngaheureuyan.
Tapi untungna teh, da lain uing wungkul ning nu boga rarasaan siga kitu. Sarua loba tatangga ge anu ngaku siga uing, nyaeta sok ‘Lilinieun‘ tea. Tah sakalian we nya urang ngadongeng sual lini badag ayeuna mah.
Kajadian anu dilantarankeun ku ‘fenomena alam‘ anu jadi musibah gede keur urang Cianjur, nyaeta ayana lini dina poe Senen tanggal 21 Nopember anu kaliwat. Sihoreng lain kajadian anu anyar keur urang Cianjur.
Pun Uwa, rakana pun biang, kantos cenah anjeunna ngupingkeun dongeng ti pun uyut anu nyarioskeun dongeng lini badag di Cianjur ti kersana Eyangna. “Bakating ku badagna lini waktu harita, cenah balong-balong ge kuat saraat kareplok ku oyagna lini badag tea,“ saur pun Uwa bari nyarioskeun duka sabaraha rebu wangunan anu raruksak, atawa rarubuh. Jeung korban jiwa anu kawilang lobana geus puguh anu taratu mah.
“Ngan hanjakal can siga ayeuna. Aya catetan anu resmi ti pamarentah sabaraha jiwa anu perlaya atawa anu tatu parna, sabaraha wanguanan anu ruksak atawa ambruk,“ saur pun Uwa keneh.
“Na taun sabaraha eta teh Wa?“ adi uing anu milu ngariung waktu harita nanya, panasaran meureun.