MUMULUK

URANG Malayu mah nyebutna ‘Sarapan pagi’, mun pun Bapa mah sok nyebatna teh ‘Futuran’ duka istilah timana, ngan sigana mah pedah kabiasaan nuju masantren kapungkur. Mun ceuk si John Wayne mah, enya eta Koboy Amrik tea, nyebutna teh Breakfast, padahal sarua maksudna mah siga uing urang Warujajar ‘Mumuluk’ alias daang isuk-isuk.

Ti bubudak geus dibiasakeun ku Ema uing, memeh miang ka sakola, kudu di dadasaran heula cenah beuteung teh ku kadaangan, pangpangna mah ku kejo jaman harita mah, ambeh teu kapiheulaan ku
angin cenah.

Jaman uing keur budak mah anu jadi ‘Menu’ mumuluk teh biasana sok dipang nyieunkeun Sangu goreng karesep uing, nyaeta, Sangu goreng anu teu dikecapan, tapi ukur make Bawang (bawang beureum atawa Bawang daun) jeung Uyah.

Deungeunna ge tara make Ceplok Endog cukup jeung Gorengan atawa Kurupuk. Mun teu kaburu dipangnyeiunkeun Sangu goreng, cukup meuli Bubur Hayam di Mang Jajang atawa ku Leupeut satangkep jeung Gorengan Suuk atawa Oncom.

Pokona mah kitu we lah, menu keur mumuluk jaman harita estuning sagala kadaangan anu bahan bakuna dijieun tina Beas, kaasup oge Wuduk, Buras, Kupat Tahu atawa Lontong Kuah ngan anu can pernah kaalaman teh meureun Mumuluk ku Lotek atawa Karedok we.

Beda ning ari bangsa deungeun mah, naon we anu asup kana beuteung dina isuk-isuk disebutna teh ‘breakfast’. Tiheula keur uing masih SMA, sok mindeng ngahaja ulin jeung turis di Cipanas maksudna mah hayang praktek bahasa Inggris.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *