Hiji waktu jangjian rek ka Bandung hayang dianteur cenah. Isuk-isuk ngumpul di stanplat beus, harita mah handapeun Pasar Cipanas. Uing mah ti subuh keneh ge geus ngabubur hayam minangka ‘breakfast’ na teh,
terus barang uing nanya ka turis tea, geus ‘breakfast’? dijawab eunggeus cenah, daang Rambutan! Deuuuuh, pan uing mah diwanti-wanti tibubudak ge, tong ngadaang bubuahan memeh beuteung kaaupan Kejo! matak rada ngahuleng harita ge, ngan teu papanjangan da kaburu datang Beus anu tujuan Bandung.
Tah kabiasaan ‘Mumuluk’ isuk teh nepika ayeuna ge can robah, mun teu dipangnyoeunkeun Sangu goreng karesep tea ku indung barudak, pasti ngulincer neangan nu dagang kadaangan keur Mumuluk.
Ayeuna mah teu hese neangan nu dagang kadaangan keur Mumuluk teh, kaluar ti gang hareupeun imah, geus nyampak Tukang Bubur Hayam, meuntas ka Barba, aya deui Tukang Bubur Hayam gedengeunana Tukang Maranggi jeung Wuduk encan beulah kuloneunana aya mang Sanip sarua dagang Wuduk, ngan bedana mang Sanip mah deungeun Wudukna jeung goreng Comhu, Gehu , Goreng Tempe jeung Bala-bala.
Ngan mun leuwih ti jam salapan geus moal kabagean di Mang Sanip mah. Mun di Warujajar mah leuwih leubeut deui, ti handap keneh aya Bubur Ma Wati anu kaasup Bubur Hayam ‘Legend’ Warujajar mah. Aya oge Baso Mas Senggol, (ngan asa kurang pas nya mumuluk ku Baso mah).
Gedengeunana aya Wuduk jeung Sate Maranggi Ma Haji Nunung, terus deui aya Lontong Kuah. Uing mah mun ka Warujajar deuk ngadon mumuluk teh sok ngahajakeun hayang ngawuduk di Mang haji Lili, kacipta
Cai Entehna anu karek cur jeung sok loba panggih jeung babaturan we deuih di warung wuduk mang haji Lili mah.
Ayeuna mah aya hiji deui anu jadi sasaran ngadon mumuluk teh, nyaeta Soto hayam kampung ala Madura, di jalan Aria Cikondang. Sarua siga di Warung Wuduk mang haji Lili, Soto Hayam Madura oge mun beurang teuing mah sok nyamos tara kabagean, tiheula mah malah kungsi jam salapan isuk leuwih saeutik geus nyamos teu kabagean. Sakitu heula we nya? wallohu’alam, Wassalam.(H.Dede Asy’arie)