TUKANG NGUSEUP MAH TEU KACI BORANGAN

TUKANG NGUSEUP MAH TEU KACI BORANGAN
ILUSTRASI
0 Komentar

ANU  ngaranna dongeng tukang nguseup, pastina arajib, seru seram dan menegangkan mun ceuk istilah iklan pilem jaman taun 60-an mah, malah sakapeung mah sok araneh ampir teu kaharti ku akal sehat .

Tina mimiti dongeng nguseup “clom girirwil” atawa disanggut ku Lauk badag nepika nataranana ohe kuat sababarah jam atawa oge dongeng anu matak “Puriding-puringkak” alias dongeng Jurig jeung sajabana.

Inget keneh we, harita waktu si Aa, budak nu lalaki karek lulus sakola SMA , merenying wae, hayang milu nguseup cenah jeung barudak ti Warujajar.

Baca Juga:Pohon Raksasa Tumbang, Hancurkan Rumah dan MusalaDewan Pendidikan Larang Sekolah Minta Sumbangan Kepada Ortu Siswa Mengatasnamakan Program

Kabitaeun sigana mah pedah mindeng ngadenge dongeng barudak ti Warujajar meh unggal poe Saptu, sok ngalabring ka Jangari ngaradon nguseup, bari nyakitu tea we meureun dongeng nu dibungbuan tea ning, matak kataji nu ngadengekeun, atuh pantes mun budak nu sapopoena ukur ningali tina tipi kumaha resepna nguseup, kari-kari dijejelan dongeng nu dibungbuan kumaha resepna nguseup di Jangari, nya pantes mun rek merenying hayang milu oge.

Ku biangna mah dijurungkeun eta ge, ngan Uwana nu di gang Tangkorak nanya, naha enya kitu budak teh daekeun milu nguseup di Jangari apan kudu meuting nguseup di Jangari mah. “Budak borangan kitu, wanieun kitu kira-kirana cindeluk luhureun rakit tengah peuting” ceuk Uwana.

Budak mah ukur nyenghel we da rumasa meureun borangan. Boro-boro di tengah walungan, luhureun rakit, apan di imah ge, sakaliaeun ka cai peuting ge, hayang keneh diaanteur. “Wani atuh Wa, pan loba batur ieuh” ceuk budak embung eleh.

“Enya we, piraku geus tamat sakola SMA masih keneh sieun ku Jurig” cekeng ngaheureuyan, Uwana milu seuri bari mairan lain sakali duakali cenah manggihan nu araraneh di tempat panguseupan. Baheula, keur can aya Jangari, keur masih keneh ngembat walungan Citarum, ngadon nguseup teh, sok makalangan, tara cukup sapoe
tapi aya kalana nepika tilu atawa opat poe opat peutingna.

Ari neangan tempat keur “pangkalan” mah kudu nu bagenah cenah, kudu aya tempat nu merenah keur ngagoler mun hayang ngalempengkeun awak atawa mun geus teu kuat ku tunduh. Ari dina prakna nguseup mah cenah ancal-ancalan we tempatna ge, tara bareng, komo pagigir-gigir mah atawa ngarendeng mah.

0 Komentar